Tidak semua laki-laki, eh maksad teh teu sadaya jalmi gaduh paraosan siga kang 
Dudi. Sim kuring mah ngaraos sadaya dimensi hasil damelNa sareng rumaos teu 
tiasa nyipta siga kumaha sareng nuju naon Mantenna.
Kanggo kang Oman, hatur nuhun guaranana. Siiiip lah.



--- On Tue, 11/30/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote:

From: oman abdurahman <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Inohong - Pamanggih Stepen Hawking ngeunaan Pangeran
To: [email protected]
Date: Tuesday, November 30, 2010, 5:48 AM















 
 



  


    
      
      
      Nyanggakeun, kenging nyutat (sareng narjamahkeun satiasana) tina "Nahjul 
Balaghoh" (kumpulna khutbah, pidato, jeung kalimah mutiara ti Syaidina Ali kw), 
khutbah ka-1 bagian awal, kantos diposting ka milist ping 10 April 2002:



"Poko (anu awal tina) agama taya lian ti makrifat (nganyahokeun) ka Anjeun-Na. 
Kasampurnaan makrifat ka Anjeun-Na nyaeta ngaenyakeun  (tashdiq = membenarkan) 
ka Anjeun-Na. Kasampurnaan ngaenyakeun a Anjeun-Na nyaeta percaya kana 
Kaesaana-Na. Kasampurnaan percaya kana Kaesaana-Na nyaeta mandang Anjeun-Na 
Suci. Jeung kasampurnaan Kasucian-Na nyaeta nolak sifat-sifat-Na, karana satiap 
sifat ngarupakeun bukti yen eta sifat tetela beda jeung nu disifatanana, jeung 
satiap hal anu disifatan tangtu beda jeung eta  sifat anu diterapkeunana. 
Mangka, masing saha anu geus nempelkeun hiji sifat ka Alloh eta hartina manehna 
geus ngaku kana kasarupaan-Na, jeung masing saha anu ngaku kana kasarupaan-Na 
mangka dirina geus mandang ka Anjeun-Na dua (midua atawa ngaduakeun ), jeung 
sing saha nu geus mandang ka Anjeun-Na dua eta hartina ngaku kana 
bagian-bagian-Na, jeung sing saha anu ngaku kana bagian-bagian-Na eta hartina 
heunteu wawuh ka Anjeun-Na, jeung masing saha nu
 teu wawuh ka Anjeun-Na mangka manehna nunjuk ka Anjeun-Na, jeung masing saha 
anu nunjuk ka Anjeun-Na ngadung harti dirina ngaku kana ayana batas-batas keur 
Anjeun-Na, jeung masing saha anu ngaku kana ayana batas-batas keur Anjeun-Na, 
hartina manehna sarua jeung ngucapkeun jumlah-Na.




Sing saha bae anu ngucapkeun "dina jero naon Anjeun-Na aya-Na", ngandung harti 
menehna boga pamadegan yen Anjeun-Na ngagaduhan tempat, jeung sing saha bae anu 
ngucapkeun "di luhureun naon Anjeun-Na aya" mangka dirina geus nganggap yen 
Anjeun-Na heunteu aya disaluhureun nu sejenna.




Diri-Na ngawujud tapi heunteu ngalangkungan kajadian mucul ngajadi aya. 
Anjeun-Na aya tapi lain tina hiji hal anu teu aya. Anjeun-Na sinareng naon bae 
tapi lain dina harti pacaket raga. Anjeun-Na benten sareng naon bae tapi lain 
di harti papisah sacara badan. Anjeun-Na midamel, nanging tebih tina harti 
ngabutuhkeun gerak jeug alat. Anjeun-Na ningali sok sanajan teu aya hiji oge 
ciptaan-Na anu ditingali. Anjeun-Na ngan hiji, sakitu kayaana dugi ka teu aya 
hiji hal anu tiasa jadi pikeun Anjeun-Na rencang (sekutu) atawa anu mungkin 
nyababkeun Anjeun-Na kailangan#


manar

2010/11/30 Dudi Herlianto <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      hehe atuda, nu karaos ku kuring mah. pangeran teh jiga nu boga tempat 
sorangan. di ditu. keur melong laku lampah urang di dimensi nu teuing sabara 
hiji.

2010/11/30 Aschev Schuraschev <[email protected]>

















 



  


    
      
      
      Ah eta mah paraosan cep Dudi we.

Diponegoro pangeran anu ngajanggelek mah. Kiwari urang ngan bisa nyipta-nyipta 
dina dimensi 2 (gambarna) atawa lamun aya mah dimensi 3 (patungna). Dimensi 3 
aslina mah kawenehan mangsa manehna hirup. he he he.


Pangeran mah teu bisa disaruakeun jeung makhluk (nu ngajanggelek dina dimensi 
rohang sarta kawates ku dimensi waktu). Pangeran nu nyiptakeun sarta teu kauger 
ku dimensi rohang jeung waktu tangtuna teu bisa dicipta-cipta jiga kumaha.


Sabage gambaran, dina dimensi 3 (rohang) urang bisa nyipta widang (dimensi 2), 
garis (dimensi 1) jeung titik (dimensi 0). Tapi lamun urang hirup dina dimensi 
1 tangtuna urang teu bisa nyipta kumaha dimensi 2 atawa dimensi 3 teh. Kitu oge 
lamun urang hirup dina dimensi 2 tangtuna ngan bisa nyipta garis jeung titik, 
teu bisa nyipta-nyipta kumaha dimensi 3 teh. Urang (kaasup Hawking) nu hirup 
dina 4 dimensi (rohang jeung waktu) teu bisa nyipta-nyipta jiga kumaha Pangeran 
sabab Pangeran teu kawengku ku 4 dimensi dimana jeung iraha urang hirup.


Kitu ceuk kuring mah. Cing sugan aya nu bisa ngalengkepan hususna ditingali 
tina panempo Islam.






--- On
 Mon, 11/29/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote:



From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Inohong - Pamanggih Stepen Hawking ngeunaan Pangeran

To: [email protected]
Date: Monday, November 29, 2010, 2:22 AM















 
 



    
      
      
      lamun dipikir-pikir, ditingalian tina postingan di kisunda ngeunaan 
kapangeranan, naha nya nu kabayangkeun ku kuring, pangeran (p badag) teh bet 
asa ngajenggelek, ngajirim jadi mangkeluk?




-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



    
     



 








      

    
     

    
    






  









-- 
d-: dudi herlianto :-qpaciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk




    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke