bisa kosong masigit jeung nu ka haji ari kitu carana mah,,,,,,,,,,teu maci 
diumumkeun kang, eta mah harewosna kangjeng Nabi ka Sayidina Ali.




________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, November 30, 2010 6:48:34 PM
Subject: Re: [kisunda] Inohong - Pamanggih Stepen Hawking ngeunaan Pangeran

  
Nyanggakeun, kenging nyutat (sareng narjamahkeun satiasana) tina "Nahjul 
Balaghoh" (kumpulna khutbah, pidato, jeung kalimah mutiara ti Syaidina Ali kw), 
khutbah ka-1 bagian awal, kantos diposting ka milist ping 10 April 2002:

"Poko (anu awal tina) agama taya lian ti makrifat (nganyahokeun) ka Anjeun-Na. 
Kasampurnaan makrifat ka Anjeun-Na nyaeta ngaenyakeun  (tashdiq = membenarkan) 
ka Anjeun-Na. Kasampurnaan ngaenyakeun a Anjeun-Na nyaeta percaya kana 
Kaesaana-Na. Kasampurnaan percaya kana Kaesaana-Na nyaeta mandang Anjeun-Na 
Suci. Jeung kasampurnaan Kasucian-Na nyaeta nolak sifat-sifat-Na, karana satiap 
sifat ngarupakeun bukti yen eta sifat tetela beda jeung nu disifatanana, jeung 
satiap hal anu disifatan tangtu beda jeung eta  sifat anu diterapkeunana. 
Mangka, masing saha anu geus nempelkeun hiji sifat ka Alloh eta hartina manehna 
geus ngaku kana kasarupaan-Na, jeung masing saha anu ngaku kana kasarupaan-Na 
mangka dirina geus mandang ka Anjeun-Na dua (midua atawa ngaduakeun ), jeung 
sing saha nu geus mandang ka Anjeun-Na dua eta hartina ngaku kana 
bagian-bagian-Na, jeung sing saha anu ngaku kana bagian-bagian-Na eta hartina 
heunteu wawuh ka Anjeun-Na, jeung masing saha nu teu wawuh ka Anjeun-Na mangka 
manehna nunjuk ka Anjeun-Na, jeung masing saha anu nunjuk ka Anjeun-Na ngadung 
harti dirina ngaku kana ayana batas-batas keur Anjeun-Na, jeung masing saha anu 
ngaku kana ayana batas-batas keur Anjeun-Na, hartina manehna sarua jeung 
ngucapkeun jumlah-Na.

Sing saha bae anu ngucapkeun "dina jero naon Anjeun-Na aya-Na", ngandung harti 
menehna boga pamadegan yen Anjeun-Na ngagaduhan tempat, jeung sing saha bae anu 
ngucapkeun "di luhureun naon Anjeun-Na aya" mangka dirina geus nganggap yen 
Anjeun-Na heunteu aya disaluhureun nu sejenna.

Diri-Na ngawujud tapi heunteu ngalangkungan kajadian mucul ngajadi aya. 
Anjeun-Na aya tapi lain tina hiji hal anu teu aya. Anjeun-Na sinareng naon bae 
tapi lain dina harti pacaket raga. Anjeun-Na benten sareng naon bae tapi lain 
di 
harti papisah sacara badan. Anjeun-Na midamel, nanging tebih tina harti 
ngabutuhkeun gerak jeug alat. Anjeun-Na ningali sok sanajan teu aya hiji oge 
ciptaan-Na anu ditingali. Anjeun-Na ngan hiji, sakitu kayaana dugi ka teu aya 
hiji hal anu tiasa jadi pikeun Anjeun-Na rencang (sekutu) atawa anu mungkin 
nyababkeun Anjeun-Na kailangan#

manar


2010/11/30 Dudi Herlianto <[email protected]>

  
>hehe atuda, nu karaos ku kuring mah. pangeran teh jiga nu boga tempat 
>sorangan. 
>di ditu. keur melong laku lampah urang di dimensi nu teuing sabara hiji.
>
>
>2010/11/30 Aschev Schuraschev <[email protected]>
>
>  
>>Ah eta mah paraosan cep Dudi we. 
>>
>>
>>Diponegoro pangeran anu ngajanggelek mah. Kiwari urang ngan bisa 
>>nyipta-nyipta 
>>dina dimensi 2 (gambarna) atawa lamun aya mah dimensi 3 (patungna). Dimensi 3 
>>aslina mah kawenehan mangsa manehna hirup. he he he. 
>>
>>
>>
>>Pangeran mah teu bisa disaruakeun jeung makhluk (nu ngajanggelek dina dimensi 
>>rohang sarta kawates ku dimensi waktu). Pangeran nu nyiptakeun sarta teu 
>>kauger 
>>ku dimensi rohang jeung waktu tangtuna teu bisa dicipta-cipta jiga kumaha. 
>>
>>
>>
>>Sabage gambaran, dina dimensi 3 (rohang) urang bisa nyipta widang (dimensi 
>>2), 
>>garis (dimensi 1) jeung titik (dimensi 0). Tapi lamun urang hirup dina 
>>dimensi 1 
>>tangtuna urang teu bisa nyipta kumaha dimensi 2 atawa dimensi 3 teh. Kitu oge 
>>lamun urang hirup dina dimensi 2 tangtuna ngan bisa nyipta garis jeung titik, 
>>teu bisa nyipta-nyipta kumaha dimensi 3 teh. Urang (kaasup Hawking) nu hirup 
>>dina 4 dimensi (rohang jeung waktu) teu bisa nyipta-nyipta jiga kumaha 
>>Pangeran 
>>sabab Pangeran teu kawengku ku 4 dimensi dimana jeung iraha urang hirup.
>>
>>
>>Kitu ceuk kuring mah. Cing sugan aya nu bisa ngalengkepan hususna ditingali 
>>tina 
>>panempo Islam.
>>
>>
>>
>>
>>
>>--- On Mon, 11/29/10, Dudi Herlianto <[email protected]>wrote:
>>
>>
>>>From: Dudi Herlianto <[email protected]> 
>>>
>>>Subject: Re: [kisunda] Inohong - Pamanggih Stepen Hawking ngeunaan Pangeran
>>>To: [email protected]
>>>Date: Monday, November 29, 2010, 2:22 AM 
>>>
>>>
>>>
>>>  
>>>lamun dipikir-pikir, ditingalian tina postingan di kisunda ngeunaan 
>>>kapangeranan, naha nya nu kabayangkeun ku kuring, pangeran (p badag) teh bet 
>>>asa 
>>>ngajenggelek, ngajirim jadi mangkeluk?
>>>
>>>
>>>-- 
>>>d-: dudi herlianto :-q
>>>paciringan.wordpress.com
>>>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>> 
>>
>
>
>
>-- 
>d-: dudi herlianto :-q 
>paciringan.wordpress.com
>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>




      

Kirim email ke