2010/11/30 Aschev Schuraschev <[email protected]>
> > > Ah eta mah paraosan cep Dudi we. > > Diponegoro pangeran anu ngajanggelek mah. Kiwari urang ngan bisa > nyipta-nyipta dina dimensi 2 (gambarna) atawa lamun aya mah dimensi 3 > (patungna). Dimensi 3 aslina mah kawenehan mangsa manehna hirup. he he he. > > Pangeran mah teu bisa disaruakeun jeung makhluk (nu ngajanggelek dina > dimensi rohang sarta kawates ku dimensi waktu). Pangeran nu nyiptakeun sarta > teu kauger ku dimensi rohang jeung waktu tangtuna teu bisa dicipta-cipta > jiga kumaha. > > Sabage gambaran, dina dimensi 3 (rohang) urang bisa nyipta widang (dimensi > 2), garis (dimensi 1) jeung titik (dimensi 0). Tapi lamun urang hirup dina > dimensi 1 tangtuna urang teu bisa nyipta kumaha dimensi 2 atawa dimensi 3 > teh. Kitu oge lamun urang hirup dina dimensi 2 tangtuna ngan bisa nyipta > garis jeung titik, teu bisa nyipta-nyipta kumaha dimensi 3 teh. Urang > (kaasup Hawking) nu hirup dina 4 dimensi (rohang jeung waktu) teu bisa > nyipta-nyipta jiga kumaha Pangeran sabab Pangeran teu kawengku ku 4 dimensi > dimana jeung iraha urang hirup. > > mun urang hirup di dunya dimensi hiji, barang di alam dimensi dua jeung tilu teh lir ibarat jurig nu gaib, ngan ukur kauger kelemengna wungkul. kitu deui di alam dua dimensi, mahluk di alam tilu dimensi ngan ukur kaberik kalangkang hungkul.
