Aya oge nu nyebut cenah titik teh dimensi teu kahingga. Lantaran nganggap Pangeran berdimensi (dimensi teu kahingga), alias kawates ku dimensi, alias bagian tina dimensi nya maranehna teh nyindekkeun cenah God is zero. Tapi sim kuring mah percaya yen Pangeran teh anu ngadamel dimensi sarta teu kawates ku dimensi da Anu Ngadamelna.
--- On Tue, 11/30/10, Aschev Schuraschev <[email protected]> wrote: From: Aschev Schuraschev <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Inohong - Pamanggih Stepen Hawking ngeunaan Pangeran To: [email protected] Date: Tuesday, November 30, 2010, 2:21 AM Pangeran mah teu bisa disaruakeun jeung makhluk (nu ngajanggelek dina dimensi rohang sarta kawates ku dimensi waktu). Pangeran nu nyiptakeun sarta teu kauger ku dimensi rohang jeung waktu tangtuna teu bisa dicipta-cipta jiga kumaha. Sabage gambaran, dina dimensi 3 (rohang) urang bisa nyipta widang (dimensi 2), garis (dimensi 1) jeung titik (dimensi 0). Tapi lamun urang hirup dina dimensi 1 tangtuna urang teu bisa nyipta kumaha dimensi 2 atawa dimensi 3 teh. Kitu oge lamun urang hirup dina dimensi 2 tangtuna ngan bisa nyipta garis jeung titik, teu bisa nyipta-nyipta kumaha dimensi 3 teh. Urang (kaasup Hawking) nu hirup dina 4 dimensi (rohang jeung waktu) teu bisa nyipta-nyipta jiga kumaha Pangeran sabab Pangeran teu kawengku ku 4 dimensi dimana jeung iraha urang hirup. paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
