Wah, resep yeuh ngupingkeun wangkongan model Bantenan. Sok kang Rifki, ulah asa-asa, ketrukeun naon anu bisa atawa kongang diasongkeun ka milist. Teu nanaon ari aya mah jawara anu daekeun laha-loho ka milist, ajakan wae.
manar 2010/12/4 Tubagus Rifki L <[email protected]> > > > Alhamdulillah, aya saurang geus diajak. Sugan daekeun. Rada hese nyiar > babaturan ti Banten asli nu daek di ajak dungdreng rada serius, tarapti. > Lolobana batur kula, mun diajak ngobrol serius hayangna lalagaan bae. Komo > urang Serang mah jarang nu bisa basa Sunda. Wong Serang iku omonge Jawi, > mung Jawine sejen lan Jawi Solo. Mengkonon koh dulur-dulur. Urang Serang mun > paeh morongkol. > > Aya deui nu jajawaraanan (asa Jawara,) mun ngobrol tara ngadengekeun batur, > manehna bae ngocoprak sorangan, jeung kumaha aing. Geus jadi kacapangan keur > kula leutik sok aya dongeng Jawara. Kieu dongengna, aya hiji jawara ulin ka > jakarta. Ceuk anakna, abah mun balik meuli anggur. Tah singket carita, si > jawara teh meuli anggur di hiji warung sambara [kamimah biasa nyebut sambara > (make eb)] di jelambar. > > "Meuli, anggur sakilo!" bari nunjuk kana hiji barang. > jawab palayan, "Pak, ini bukan anggur, tapi asam jawa" > Jawara, "Ceuk aing anggur, anggur. Sakilo!" > > Palayan teu protes deui. Di bungkus eta pesenan. Datang ka imah, brak > oleh-oleh di buka. Anak jawara protes, abah ieumah haseum!" > Si jawara teu percaya, di asaan kumanehna anggurna, "Ehm..." Cenah, > "horengan anggur ti jakarta mah haseum!" > > Jawara euweuh salahna. > > Tos heula ah, > nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor. > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs...@...> > wrote: > > > > 2010/12/4 Tubagus Rifki L <tbri...@...> > > > > > > > > > > > Sakanyaho kula, Adam Tunggal nu dimaksud ku urang Kanekes heunteu > nunjuk ka > > > Nabi Adam As. sakumaha nu dikhobarkeun di Al-Qur'an. Sabab sapangakuan > urang > > > Baduy teh kieu, "Bisa bener bisa salah, bener aya caritana, salah > euweuh > > > kitabna." Sabab urang Baduy heunteu ngadasarkeun 'terminologi' Adam > Tunggal > > > kana Al-Quran, maka "Adam Tunggal' beda jeung Nabi Adam As. > > > > > > > > Terus terang kami resep nitenan kekecapan urang Kanekes teh. Estuning > dina > > milih kecap teh estu saderhana tapi logis. Geura jiga conto di luhur > "Bisa > > bener bisa salah, bener aya caritana, salah euweuh kitabna." > > > > Kang TR, cik barejaan balad Banten, ajak gabung ka milis Ki Sunda geura. > > Resep jigana. > > -mh- > > > > >
