"Kitu deui ti urang banten/ Islam harita dugi ka ayeuna mempersepsikeun urang 
kanekes lain jalma-jalma terbelakang tapi jalma-jalma anu nyaho jalan, tur 
yakin baris nyalametkeun"

Di kandelan ku kula, "...URANG KANEKES LAIN JALMA-JALMA TERBELAKANG, TAPI 
JALMA-JALMA ANU NYAHO JALAN, TUR YAKIN BARIS NYALAMEUKEUN.>"

Ongkarana Sangtabean, Pukulun sembah Rahayu...
nu lojor tong dipopondok nu pondok tong dilolojor..

--- In [email protected], "d...@..." <dudi.ssuradire...@...> wrote:
>
> Nya tangtos wae atuh aya 'take and give' mah batu turun kesik naek,  hal anu 
> wajar aya justifikasi dina istilah atawa sesebutan ti urang kanekes kusabab 
> ningali cahaya anu bener sok sanajan datangna ti luar... Kitu deui ti urang 
> banten/ Islam harita dugi ka ayeuna mempersepsikeun urang kanekes lain 
> jalma-jalma terbelakang tapi jalma-jalma anu nyaho jalan, tur yakin baris 
> nyalametkeun. 
> 
> Wilujeng wae Kanggo Kang Tb.RL ari tos dugi mah... 
> 
> wassalam
> dudi_ss
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Tubagus Rifki L 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Saturday, December 04, 2010 8:30 PM
>   Subject: [kisunda] Re: Adam Tunggal versi Kanekes vs Nabi Adam -- Beda 
> tafsir.
> 
> 
>     
>   Enya, eta kula beda nafsirkeunana. Bisa salah bisa bener. Kula ge yakin
>   panon poe nu kajeueung ku kula di dunya (bumi) ngan hiji. Dina prak
>   dungdreng (diskusi?) jeung anak kula ngeunaan panon poe, warna jeung
>   rupana, kula beda pendapat. Kula keukeuh panon poe eta moncorong serab.
>   Anak kula keukeuh panon poe eta koneng kaemasan. Ceuk kula, etamah panon
>   pose isuk. Ceuk anak kula, heunteu bapa, teu isuk teu beurang warnana
>   kitu-kitu bae. Horenganan, nu maksud ku anak kula mah panon poe nu aya
>   dina lukisan. Sarua 'panon poe. ' N.B. Anak kula karak ge 4 taun.
> 
>   Amsal kula jiga kitu meureun beda tafsir, antara nu dimaksud ku
>   Al-Qur'an jeung nu dimaksud ku Urang Kanekes. Bisa bener bisa salah.
> 
>   Alesan pamilihan 'diksi' Adam Tunggal Baduy.
>   "Teu ngan saukur politik, tapi kayakikan nu jero." Lamun ngajeroan
>   galian 'spiritual' urang Kanekes, tangtos dongkap kana simpulan eta.
>   Moal sakaba-kaba, ngan ukur politis. Ngan sakanyaho kula, teu aya dina
>   bahasa Sunda 'diksi' Adam, kecuali saentosna aya akulturasi jeung agama
>   samawi. Kukituna, 'Adam Tunggal' Baduy eta diksi nu diimpor, sanes
>   dadamelan lokal.
> 
>   Katuran,
>   TRL
>   nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor
> 
>   --- In [email protected], "dudi@" wrote:
>   >
>   > Naha Kang TB nafsirkeun beda, padahal jelas Nabi Adam anu dicaturkeun
>   ngan hiji-hijina sakuliah dunya nya tangtu bae atuh Anjeuna teh karuhun
>   urang sadaya, boh urang kanekes, urang sunda lianna oge urang arab,
>   lamun teu kitu mah lain Nabi Adam atuh...
>   > Masalah syariat nya tangtu bedana, ceuk siuing mah alesan eta teu ngan
>   saukur politik tapi kayakinan anu jero ngenaan hirup jeung kahirupan,
>   lahir jeung ruhaniahna... mangga geura urang sami-sami ngalenyepan...
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke