Enya, eta kula beda nafsirkeunana. Bisa salah bisa bener. Kula ge yakin panon poe nu kajeueung ku kula di dunya (bumi) ngan hiji. Dina prak dungdreng (diskusi?) jeung anak kula ngeunaan panon poe, warna jeung rupana, kula beda pendapat. Kula keukeuh panon poe eta moncorong serab. Anak kula keukeuh panon poe eta koneng kaemasan. Ceuk kula, etamah panon pose isuk. Ceuk anak kula, heunteu bapa, teu isuk teu beurang warnana kitu-kitu bae. Horenganan, nu maksud ku anak kula mah panon poe nu aya dina lukisan. Sarua 'panon poe. ' N.B. Anak kula karak ge 4 taun.
Amsal kula jiga kitu meureun beda tafsir, antara nu dimaksud ku Al-Qur'an jeung nu dimaksud ku Urang Kanekes. Bisa bener bisa salah. Alesan pamilihan 'diksi' Adam Tunggal Baduy. "Teu ngan saukur politik, tapi kayakikan nu jero." Lamun ngajeroan galian 'spiritual' urang Kanekes, tangtos dongkap kana simpulan eta. Moal sakaba-kaba, ngan ukur politis. Ngan sakanyaho kula, teu aya dina bahasa Sunda 'diksi' Adam, kecuali saentosna aya akulturasi jeung agama samawi. Kukituna, 'Adam Tunggal' Baduy eta diksi nu diimpor, sanes dadamelan lokal. Katuran, TRL nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor --- In [email protected], "d...@..." wrote: > > Naha Kang TB nafsirkeun beda, padahal jelas Nabi Adam anu dicaturkeun ngan hiji-hijina sakuliah dunya nya tangtu bae atuh Anjeuna teh karuhun urang sadaya, boh urang kanekes, urang sunda lianna oge urang arab, lamun teu kitu mah lain Nabi Adam atuh... > Masalah syariat nya tangtu bedana, ceuk siuing mah alesan eta teu ngan saukur politik tapi kayakinan anu jero ngenaan hirup jeung kahirupan, lahir jeung ruhaniahna... mangga geura urang sami-sami ngalenyepan... ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
