Agan-agan,

Tina kasundaan, mun nyebut Adam teh teu dialamatkeun ka Nabi Adam nu 
dipercanten 
sabage jalma mimiti, tapi nyebut Adam teh keur wujud badag manusa, nu asal teu 
aya bakal mulih teu aya tea, wiwitan dugi lekasan. Tina Sahadat Adam, urang 
diajarkeun hubungan Allah-Muhammad-Adam (alif lam mim) nyaeta nyatana mah 
hubungan hirup-rasa-wujud, nepikeun ka diwincik hiji-hijina nu mana itu nu mana 
ieu. Oge ngikrarkeun yen urang kudu mawa wujud sakumha pangandika rasa, nyaeta 
nu didatangkeun ti Nu Maha Kawasa tea.

Sakitu manawi,

ilen kardani

________________________________
From: Jalak Pakuan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sun, December 5, 2010 8:51:47 AM
Subject: Bls: [kisunda] Re: Adam Tunggal versi Kanekes vs Nabi Adam -- Persepsi 
Banten tentang Baduy

  
Hatur nuhun kang tebe, kang Dud, KO, Mh.... Hapunten sim kuring  masih aya nu 
ditaroskeun deui. Urang baduy kanekes ngadefinisikeun, ngahartikeun, ngayakinan 
Adam Tunggal teh naon, kumaha? Sakumaha ayana (as is).

MJ, kang Engkus, Kang Ilen, Kang Oca oge wargi sadaya nu bilih bae gaduh 
referensi, pengetahuan mangga seratkeun kangge ngaleubeutkeun bahasan ieu.

salam
JP


Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sab, 4 Desember, 2010 21:58:22
Judul: [kisunda] Re: Adam Tunggal versi Kanekes vs Nabi Adam -- Persepsi Banten 
tentang Baduy

  
"Kitu deui ti urang banten/ Islam harita dugi ka ayeuna mempersepsikeun urang 
kanekes lain jalma-jalma terbelakang tapi jalma-jalma anu nyaho jalan, tur 
yakin 
baris nyalametkeun"

Di kandelan ku kula, "...URANG KANEKES LAIN JALMA-JALMA TERBELAKANG, TAPI 
JALMA-JALMA ANU NYAHO JALAN, TUR YAKIN BARIS NYALAMEUKEUN.>"

Ongkarana Sangtabean, Pukulun sembah Rahayu...
nu lojor tong dipopondok nu pondok tong dilolojor..

--- In [email protected], "d...@..." <dudi.ssuradire...@...> wrote:
>
> Nya tangtos wae atuh aya 'take and give' mah batu turun kesik naek, hal anu 
>wajar aya justifikasi dina istilah atawa sesebutan ti urang kanekes kusabab 
>ningali cahaya anu bener sok sanajan datangna ti luar... Kitu deui ti urang 
>banten/ Islam harita dugi ka ayeuna mempersepsikeun urang kanekes lain 
>jalma-jalma terbelakang tapi jalma-jalma anu nyaho jalan, tur yakin baris 
>nyalametkeun. 
>
> 
> Wilujeng wae Kanggo Kang Tb.RL ari tos dugi mah... 
> 
> wassalam
> dudi_ss
> 
> 
> ----- Original Message ----- 
> From: Tubagus Rifki L 
> To: [email protected] 
> Sent: Saturday, December 04, 2010 8:30 PM
> Subject: [kisunda] Re: Adam Tunggal versi Kanekes vs Nabi Adam -- Beda tafsir.
> 
> 
> 
> Enya, eta kula beda nafsirkeunana. Bisa salah bisa bener. Kula ge yakin
> panon poe nu kajeueung ku kula di dunya (bumi) ngan hiji. Dina prak
> dungdreng (diskusi?) jeung anak kula ngeunaan panon poe, warna jeung
> rupana, kula beda pendapat. Kula keukeuh panon poe eta moncorong serab.
> Anak kula keukeuh panon poe eta koneng kaemasan. Ceuk kula, etamah panon
> pose isuk. Ceuk anak kula, heunteu bapa, teu isuk teu beurang warnana
> kitu-kitu bae. Horenganan, nu maksud ku anak kula mah panon poe nu aya
> dina lukisan. Sarua 'panon poe. ' N.B. Anak kula karak ge 4 taun.
> 
> Amsal kula jiga kitu meureun beda tafsir, antara nu dimaksud ku
> Al-Qur'an jeung nu dimaksud ku Urang Kanekes. Bisa bener bisa salah.
> 
> Alesan pamilihan 'diksi' Adam Tunggal Baduy.
> "Teu ngan saukur politik, tapi kayakikan nu jero." Lamun ngajeroan
> galian 'spiritual' urang Kanekes, tangtos dongkap kana simpulan eta.
> Moal sakaba-kaba, ngan ukur politis. Ngan sakanyaho kula, teu aya dina
> bahasa Sunda 'diksi' Adam, kecuali saentosna aya akulturasi jeung agama
> samawi. Kukituna, 'Adam Tunggal' Baduy eta diksi nu diimpor, sanes
> dadamelan lokal.
> 
> Katuran,
> TRL
> nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor
> 
> --- In [email protected], "dudi@" wrote:
> >
> > Naha Kang TB nafsirkeun beda, padahal jelas Nabi Adam anu dicaturkeun
> ngan hiji-hijina sakuliah dunya nya tangtu bae atuh Anjeuna teh karuhun
> urang sadaya, boh urang kanekes, urang sunda lianna oge urang arab,
> lamun teu kitu mah lain Nabi Adam atuh...
> > Masalah syariat nya tangtu bedana, ceuk siuing mah alesan eta teu ngan
> saukur politik tapi kayakinan anu jero ngenaan hirup jeung kahirupan,
> lahir jeung ruhaniahna... mangga geura urang sami-sami ngalenyepan...
>






      

Kirim email ke