Prabu siliwangi harita nyepeng ageman hindu, nu ampir di agem ku sakabeh
karajaan di sbudeureuna.
Gancangna carita, samangsa mimiti asup ajaran ti sodagar2 nu datang ti nagri
sabrang, asup hiji ajaran nu nyelesep tiis kana hate rahayat di sisi basisir.
Hiji ajaran anu teu make kaheurasan dina nepikeuna, hiji ajaran anu mere conto
kasampurnaan ka rahayat harita, nyaeta ajaran islam nu diturunkeun ku
rosulullah, nabi muhammad saw.
Beuki lila ajaran eta beuki asup jauh ka jero tatar sunda, teu ngan saukur di
basisir. Beuki loba jalma nu katarik jeung nyaritakeun eta ajaran di rahayat
pajajaran. Nepika antukna tepi ka prabu siliwangi anu masih ngagem hindu harita.
Prabu siliwangi hiji prabu anu wicaksana, teu ngahalang2 rahayatna pindah atawa
ngawangkongkeun eta ajaran. Nepika hiji mangsa prabu siliwangi nanya ka baturna
KI SANTANG ngeunaan eta ajaran. KI SANTANG nu jadi baturna, nu dianggap guru ku
siliwangi harita.
KI santang mere jalan ka siliwangi kumaha carana nganyahokeun eta ajaran anu
leuwih jero nyaeta diajar ka sodagar2 anu mawa eta ajaran. Siliwangi hayang
nyaho leuwih jero, jeung hayang nyaho jalma mana nu bisa ngaleuwihan kasakten
anjeuna, nu euweuh babandingna di tatar sunda. Mun bener eta ajaran sarimbag
jeung eusina, bisa ngelehkeun kasakten jeung elmu2 nu dipiboga ku siliwangi,
siliwangi daek diajar leuwih jero kana eta ajaran.
Gancangna kacaritakeun siliwangi panggih jeung hiji pamingpin ti nagri sabrang
nu beda gelar jeung anjeuna nu disebut prabu, eta pamingpin boga gelar
khalifah, anu cenah eta nagri teh mimitina biji eta ajaran.
Siliwangi uplek ngawangkong jeung eta khalifah. Nepika siliwangi kedal yen
kasakten anjeuna euweuh nu bisa nandingan di ieu nagri. Teu sakara2, eta
khalifah nyodorkeun hiji kitab hareupeun siliwangi, dibuka terus dibacakeun di
hareupeun siliwangii.
Raja anu kawentar sakti mandraguna, gagah rongkah euweuh tandingana, teu
sakara2, sawaktu ngadenge halimpuna eta eusi kitab didawamkeun, hatena
ngaleketey, awakna muriding, dadana ratug, aya nu beda, aya anu beda cenah ceuk
dina hatena.Euweuh nanaon geuning nu dipiboga ku kaula cenah, hatena balaka.
Socana cirambay teu puguh rasa.
Antukna siliwangi, raja anu wicaksana, raja anu wani ngakukeun ka kurangana,
balaka ka eta khalifah, yen naon sakabeh nu dicekel ku anjeuna ayeuna, nyatana
teu sabanding jeung nu aya dina kitab eta. Eta kakara dibacakeun, komo mun
eusina cenah, teu kabayang sakumaha gede jeung agungna eta eusi kitab.
Beunang jieunan saha eta kitab teh cenah, dijawab yen eta kitab lain dijieun ku
manusa, eta kitab diturunkeun ka hiji manusa jang di bewarakeun ka sakabeh umat
di dunya, eta kitab terusan tina kitab2 saacana nyaeta jabur, taurat jeung
injil. Eta kitab disebut al qur'an cenah. Siliwangi ukur olohok, oh ieu geuning
nu jadi wangkongan aheng rahayat kuring ayeuna teh ? Paingan cenah.
Saparat kajadian eta, siliwangi hulang huleng mikiran kajadian eta, napsuna teu
narima, tapi hatena ajol2an hayang mibanda eta elmu nu anyar. Antukna siliwangi
menta pituduh ti KI SANTANG, kudu kumaha, KI SANTANG anu sarua kataji ku eta
ajaran, mere pitufuh supaya ngadatangkeun guru2 nu bisa ngajarkeun eta ajaran.
Gancangna siliwangi mimiti diajar eusi kitab eta ti guru2 nu di datangkeun ka
karaton, nepika mangsana siliwangi tungtungna maca dua kalimah syahadat nu
nandakeun yen anjeuna asup islam. Kitu deui KI SANTANG.
Saenggeus siliwangi asup islam, anjeuna boga ngaran anyar, nyaeta Rohmat,
ngaran nu dipikaharep nurunkeun rohmat Allah swt ka sakabeh tatar sunda
ngaliwat diri rajana anu wicaksana.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/