Muhun mang...maksadna mah kadaekna.....hahah

--- Pada Rab, 8/12/10, mh <[email protected]> menulis:


Dari: mh <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Sajarah siliwangi 3# (ageman)
Kepada: [email protected]
Tanggal: Rabu, 8 Desember, 2010, 12:52 PM


  



Kari susud we atuh di dieu kang TM: http://groups.yahoo.com/group/kisunda
Teangan keywordna, "nonggerak", "nonggeng", "nongtot", atawa naon wae.
Moal burung ngaburudul geura.


2010/12/8 Akang Tajimalela <[email protected]>


  








Muhun mang, meni  "seukeut" memori kang ilen,uing mah teu pati 
perhatoskeun.....tiasa janten Intelejen analis data milis kang ilen...ulah eleh 
ku wikileaks....hahaha
 
TM 

--- Pada Rab, 8/12/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis:


Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Sajarah siliwangi 3# (ageman)
Kepada: [email protected]
Tanggal: Rabu, 8 Desember, 2010, 5:11 AM



  

Hade eta kang Ilen, tenget pisan. Alusna mah memang unggal rek posting teh 
diilikan deui eusi postinganana. Sabab, di ieu milist teh loba ahli "analisis 
isi" model kang Ilen jeung nu sejenna.

manar


2010/12/8 Ilen Kardani <[email protected]>


  




Enya gening sarua pisan jeung nu diposting ku nonggerak sababaraha waktu 
katukang, intina mah NGAPESKEUN kaluhungan Siliwangi ku nyieun reka carita 
sarupa kieu.

Sent from my iPhone




On Dec 8, 2010, at 10:31, "Halimunan" <[email protected]> wrote:




  

Prabu siliwangi harita nyepeng ageman hindu, nu ampir di agem ku sakabeh 
karajaan di sbudeureuna. 

Gancangna carita, samangsa mimiti asup ajaran ti sodagar2 nu datang ti nagri 
sabrang, asup hiji ajaran nu nyelesep tiis kana hate rahayat di sisi basisir. 
Hiji ajaran anu teu make kaheurasan dina nepikeuna, hiji ajaran anu mere conto 
kasampurnaan ka rahayat harita, nyaeta ajaran islam nu diturunkeun ku 
rosulullah, nabi muhammad saw.

Beuki lila ajaran eta beuki asup jauh ka jero tatar sunda, teu ngan saukur di 
basisir. Beuki loba jalma nu katarik jeung nyaritakeun eta ajaran di rahayat 
pajajaran. Nepika antukna tepi ka prabu siliwangi anu masih ngagem hindu harita.

Prabu siliwangi hiji prabu anu wicaksana, teu ngahalang2 rahayatna pindah atawa 
ngawangkongkeun eta ajaran. Nepika hiji mangsa prabu siliwangi nanya ka baturna 
KI SANTANG ngeunaan eta ajaran. KI SANTANG nu jadi baturna, nu dianggap guru ku 
siliwangi harita.

KI santang mere jalan ka siliwangi kumaha carana nganyahokeun eta ajaran anu 
leuwih jero nyaeta diajar ka sodagar2 anu mawa eta ajaran. Siliwangi hayang 
nyaho leuwih jero, jeung hayang nyaho jalma mana nu bisa ngaleuwihan kasakten 
anjeuna, nu euweuh babandingna di tatar sunda. Mun bener eta ajaran sarimbag 
jeung eusina, bisa ngelehkeun kasakten jeung elmu2 nu dipiboga ku siliwangi, 
siliwangi daek diajar leuwih jero kana eta ajaran.

Gancangna kacaritakeun siliwangi panggih jeung hiji pamingpin ti nagri sabrang 
nu beda gelar jeung anjeuna nu disebut prabu, eta pamingpin boga gelar 
khalifah, anu cenah eta nagri teh mimitina biji eta ajaran.

Siliwangi uplek ngawangkong jeung eta khalifah. Nepika siliwangi kedal yen 
kasakten anjeuna euweuh nu bisa nandingan di ieu nagri. Teu sakara2, eta 
khalifah nyodorkeun hiji kitab hareupeun siliwangi, dibuka terus dibacakeun di 
hareupeun siliwangii.

Raja anu kawentar sakti mandraguna, gagah rongkah euweuh tandingana, teu 
sakara2, sawaktu ngadenge halimpuna eta eusi kitab didawamkeun, hatena 
ngaleketey, awakna muriding, dadana ratug, aya nu beda, aya anu beda cenah ceuk 
dina hatena.Euweuh nanaon geuning nu dipiboga ku kaula cenah, hatena balaka. 
Socana cirambay teu puguh rasa.

Antukna siliwangi, raja anu wicaksana, raja anu wani ngakukeun ka kurangana, 
balaka ka eta khalifah, yen naon sakabeh nu dicekel ku anjeuna ayeuna, nyatana 
teu sabanding jeung nu aya dina kitab eta. Eta kakara dibacakeun, komo mun 
eusina cenah, teu kabayang sakumaha gede jeung agungna eta eusi kitab.

Beunang jieunan saha eta kitab teh cenah, dijawab yen eta kitab lain dijieun ku 
manusa, eta kitab diturunkeun ka hiji manusa jang di bewarakeun ka sakabeh umat 
di dunya, eta kitab terusan tina kitab2 saacana nyaeta jabur, taurat jeung 
injil. Eta kitab disebut al qur'an cenah. Siliwangi ukur olohok, oh ieu geuning 
nu jadi wangkongan aheng rahayat kuring ayeuna teh ? Paingan cenah.

Saparat kajadian eta, siliwangi hulang huleng mikiran kajadian eta, napsuna teu 
narima, tapi hatena ajol2an hayang mibanda eta elmu nu anyar. Antukna siliwangi 
menta pituduh ti KI SANTANG, kudu kumaha, KI SANTANG anu sarua kataji ku eta 
ajaran, mere pitufuh supaya ngadatangkeun guru2 nu bisa ngajarkeun eta ajaran.

Gancangna siliwangi mimiti diajar eusi kitab eta ti guru2 nu di datangkeun ka 
karaton, nepika mangsana siliwangi tungtungna maca dua kalimah syahadat nu 
nandakeun yen anjeuna asup islam. Kitu deui KI SANTANG.

Saenggeus siliwangi asup islam, anjeuna boga ngaran anyar, nyaeta Rohmat, 
ngaran nu dipikaharep nurunkeun rohmat Allah swt ka sakabeh tatar sunda 
ngaliwat diri rajana anu wicaksana.












Kirim email ke