Kang Ilen,

Sawatara waktu ka tukang, keur rame soal bancangpakewuh (bencana) alam, si
kuring sok mindeng nampa sms ti hiji kiyai oge ti salah saurang sepuh
kasundaan. Sumber aranjeunna: nya harewos-harewos atawa ilapat-ilapat, moal
boa model anu katarima ku kang Imun sok sanajan sumber jeung prosesna bisa
wae beda. Eusina eta sms ngabejaan rek ayana hiji kajadian bencana jeung
palakiah2na (usaha2 sangkan eta bencana henteu kajadian). Malah sababaraha
sms minangsaraya ka kuring sangkan eta beja teh ditepikeun ka atasan kuring
di kantor.

Dina ngarespon eta sms2 beja pikahareupeun, kacida kuring tagiwurna,
mimitina mah. Taya lian anu mere beja teh kawilang kiai atawa sepuh anu
genteng kadek, legok tapak, anu jero pangalamanana, luhung elmuna jeung
integritas sadidintenna oge matak jadi panutan masyarakat. Tapi,
kabehdieunakeun si kuring panceg teu tagiwur deui. Eta beja2 via sms teh
disimpen wae ku kuring tara ditepikeun boh ka atasan atawa ka masyarakat
umum. Ari anu jadi soal taya lian utamana pakait jeung metodologi (jembarna:
epistimologi) panampian eta informasi anu kaasup teu parok jeung anu
digunakeun ku umumna masyarakat.

Anu kaduana, sok sieun eta beja teh nyalahan. Jelema tea atuh - da lain Nabi
- harewos anu katarima ku urang unggal waktu perlu pisan disaring,
dibeuweung diutahkeun, boh bisi eta harewos teh pacampur antara harewos ti
sumber anu bener nalika kaayaan batin urang keur beresih jeung harewos ti
sumber anu teu bener atawa hawa nafsu nalika urang keur dina kaayaan anu
dikawasa ku hawa nafsu. Ari hawa nafsu tea, tingkat2 kaayaanana. Teu
hideung-bodas kitu wae. Tingkatan kotor teh apan aya semu kotor, rada kotor,
kotor, kotor pisan; pon kitu deui beresih, oge nu lianna. Padahal, keur
tepikeuneun ka umum mah kudu pisan benerna eta informasi teh, komo soal
bencana.

Katiluna, teu sakabeh naon anu katarima ku urang perlu ditepikeun ka nu
sejen. Aya rusiah-rusiah atawa aya hikmah-hikmah dina sakabeh rencana
Pangeran atawa dina naon rupa kajadian. Kangjeng Nabi saw wae sok sanajan
anjeunna terang kaayaan jelema2 saha wae anu munafik di sabudeureun
anjeunna, tapi anjeunna dicarek pikeun nepikeunana ka ummatna. Dina
nepikeunana oge ukur ku kalimah atawa kekecepan anu umum (parios Al Qur'an
surah At Taubah, upamana). Tah, dina beja ngeunaan bencana oge bisa jadi
kitu. Bisa jadi kaasup beja-beja anu khusus pikeun jelema2 anu dipaparin eta
warta, kajaba lamun aya talatah sejenna anu nuduhkeun henteu kitu kuduna.

Dina lebah dieu, aya kalimah ti syaidina Ali kw anu pakait: "Hiji hikmah
lamun ditepikeun ka jelema anu lain hakna eta sarua jeung ngadzoliman kana
eta hikmah, sedengkeun lamun hiji hikmah teu ditepikeun ka jelema anu hak
narimana eta sarua jeung ngadzoliman ka eta jelama (anu hak narimana)".
Maksud kecap "hikmah", "hak", jeung "jelema anu hak narimana" eta kacida
jembarna, pikiraneun jeung teuleumaneun.

Cag heula.

manar









2010/12/9 ilen kardani <[email protected]>

>
>
> Kieu-kieu oge tos sapuluh taun janten anggota milist Kisunda barijeung teu
> kantos ngalaman di "D O" ku moderator.
> Bentena sareng halimun, ari kang halimun mah DITITAH ku guruna sangkan
> ngabejerbeaskeun lalakon Siliwangi (keun wae salah benerna mah) ari kuring
> mah DICAREK ku guru sangkan ulah ngucah ngaceh kasiliwangian sabab matak teu
> pihadeeun keur kuring. Anapon kuring sok nyoarakeun sautak-saeutik ngeunaan
> kasundaan, eta mah tanggung jawab sosial supaya mere 'second opinion' keur
> dulur-dulur.
> ------------------------------
>  *From:* Akang Tajimalela <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Wed, December 8, 2010 9:16:35 PM
> *Subject:* Re: [kisunda] Sajarah siliwangi 3# (ageman)
>
>
>
>
>   Muhun mang...maksadna mah kadaekna.....hahah
>
> --- Pada *Rab, 8/12/10, mh <[email protected]>* menulis:
>
>
> Dari: mh <[email protected]>
> Judul: Re: [kisunda] Sajarah siliwangi 3# (ageman)
> Kepada: [email protected]
> Tanggal: Rabu, 8 Desember, 2010, 12:52 PM
>
>
> Kari susud we atuh di dieu kang TM: http://groups.yahoo.com/group/kisunda
> Teangan keywordna, "nonggerak", "nonggeng", "nongtot", atawa naon wae.
> Moal burung ngaburudul geura.
>
> 2010/12/8 Akang Tajimalela 
> <[email protected]<http://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/[email protected]>
> >
>
>
>     Muhun mang, meni  "seukeut" memori kang ilen,uing mah teu pati
> perhatoskeun.....tiasa janten Intelejen analis data milis kang ilen...ulah
> eleh ku wikileaks....hahaha
>
> TM
>
> --- Pada *Rab, 8/12/10, oman abdurahman 
> <[email protected]<http://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/[email protected]>
> >* menulis:
>
>
> Dari: oman abdurahman 
> <[email protected]<http://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/[email protected]>
> >
> Judul: Re: [kisunda] Sajarah siliwangi 3# (ageman)
> Kepada: 
> [email protected]<http://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/[email protected]>
> Tanggal: Rabu, 8 Desember, 2010, 5:11 AM
>
>
>
> Hade eta kang Ilen, tenget pisan. Alusna mah memang unggal rek posting teh
> diilikan deui eusi postinganana. Sabab, di ieu milist teh loba ahli
> "analisis isi" model kang Ilen jeung nu sejenna.
>
> manar
>
> 2010/12/8 Ilen Kardani 
> <[email protected]<http://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/[email protected]>
> >
>
>
>   Enya gening sarua pisan jeung nu diposting ku nonggerak sababaraha waktu
> katukang, intina mah NGAPESKEUN kaluhungan Siliwangi ku nyieun reka carita
> sarupa kieu.
>
> Sent from my iPhone
>
> On Dec 8, 2010, at 10:31, "Halimunan" 
> <[email protected]<http://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/[email protected]>>
> wrote:
>
>
> Prabu siliwangi harita nyepeng ageman hindu, nu ampir di agem ku sakabeh
> karajaan di sbudeureuna.
>
> Gancangna carita, samangsa mimiti asup ajaran ti sodagar2 nu datang ti
> nagri sabrang, asup hiji ajaran nu nyelesep tiis kana hate rahayat di sisi
> basisir. Hiji ajaran anu teu make kaheurasan dina nepikeuna, hiji ajaran anu
> mere conto kasampurnaan ka rahayat harita, nyaeta ajaran islam nu
> diturunkeun ku rosulullah, nabi muhammad saw.
>
> Beuki lila ajaran eta beuki asup jauh ka jero tatar sunda, teu ngan saukur
> di basisir. Beuki loba jalma nu katarik jeung nyaritakeun eta ajaran di
> rahayat pajajaran. Nepika antukna tepi ka prabu siliwangi anu masih ngagem
> hindu harita.
>
> Prabu siliwangi hiji prabu anu wicaksana, teu ngahalang2 rahayatna pindah
> atawa ngawangkongkeun eta ajaran. Nepika hiji mangsa prabu siliwangi nanya
> ka baturna KI SANTANG ngeunaan eta ajaran. KI SANTANG nu jadi baturna, nu
> dianggap guru ku siliwangi harita.
>
> KI santang mere jalan ka siliwangi kumaha carana nganyahokeun eta ajaran
> anu leuwih jero nyaeta diajar ka sodagar2 anu mawa eta ajaran. Siliwangi
> hayang nyaho leuwih jero, jeung hayang nyaho jalma mana nu bisa ngaleuwihan
> kasakten anjeuna, nu euweuh babandingna di tatar sunda. Mun bener eta ajaran
> sarimbag jeung eusina, bisa ngelehkeun kasakten jeung elmu2 nu dipiboga ku
> siliwangi, siliwangi daek diajar leuwih jero kana eta ajaran.
>
> Gancangna kacaritakeun siliwangi panggih jeung hiji pamingpin ti nagri
> sabrang nu beda gelar jeung anjeuna nu disebut prabu, eta pamingpin boga
> gelar khalifah, anu cenah eta nagri teh mimitina biji eta ajaran.
>
> Siliwangi uplek ngawangkong jeung eta khalifah. Nepika siliwangi kedal yen
> kasakten anjeuna euweuh nu bisa nandingan di ieu nagri. Teu sakara2, eta
> khalifah nyodorkeun hiji kitab hareupeun siliwangi, dibuka terus dibacakeun
> di hareupeun siliwangii.
>
> Raja anu kawentar sakti mandraguna, gagah rongkah euweuh tandingana, teu
> sakara2, sawaktu ngadenge halimpuna eta eusi kitab didawamkeun, hatena
> ngaleketey, awakna muriding, dadana ratug, aya nu beda, aya anu beda cenah
> ceuk dina hatena.Euweuh nanaon geuning nu dipiboga ku kaula cenah, hatena
> balaka. Socana cirambay teu puguh rasa.
>
> Antukna siliwangi, raja anu wicaksana, raja anu wani ngakukeun ka
> kurangana, balaka ka eta khalifah, yen naon sakabeh nu dicekel ku anjeuna
> ayeuna, nyatana teu sabanding jeung nu aya dina kitab eta. Eta kakara
> dibacakeun, komo mun eusina cenah, teu kabayang sakumaha gede jeung agungna
> eta eusi kitab.
>
> Beunang jieunan saha eta kitab teh cenah, dijawab yen eta kitab lain
> dijieun ku manusa, eta kitab diturunkeun ka hiji manusa jang di bewarakeun
> ka sakabeh umat di dunya, eta kitab terusan tina kitab2 saacana nyaeta
> jabur, taurat jeung injil. Eta kitab disebut al qur'an cenah. Siliwangi ukur
> olohok, oh ieu geuning nu jadi wangkongan aheng rahayat kuring ayeuna teh ?
> Paingan cenah.
>
> Saparat kajadian eta, siliwangi hulang huleng mikiran kajadian eta, napsuna
> teu narima, tapi hatena ajol2an hayang mibanda eta elmu nu anyar. Antukna
> siliwangi menta pituduh ti KI SANTANG, kudu kumaha, KI SANTANG anu sarua
> kataji ku eta ajaran, mere pitufuh supaya ngadatangkeun guru2 nu bisa
> ngajarkeun eta ajaran.
>
> Gancangna siliwangi mimiti diajar eusi kitab eta ti guru2 nu di datangkeun
> ka karaton, nepika mangsana siliwangi tungtungna maca dua kalimah syahadat
> nu nandakeun yen anjeuna asup islam. Kitu deui KI SANTANG.
>
> Saenggeus siliwangi asup islam, anjeuna boga ngaran anyar, nyaeta Rohmat,
> ngaran nu dipikaharep nurunkeun rohmat Allah swt ka sakabeh tatar sunda
> ngaliwat diri rajana anu wicaksana.
>
>
>
>
>
> luh
>  
>

Kirim email ke