Kari susud we atuh di dieu kang TM: http://groups.yahoo.com/group/kisunda Teangan keywordna, "nonggerak", "nonggeng", "nongtot", atawa naon wae. Moal burung ngaburudul geura.
2010/12/8 Akang Tajimalela <[email protected]> > > > Muhun mang, meni "seukeut" memori kang ilen,uing mah teu pati > perhatoskeun.....tiasa janten Intelejen analis data milis kang ilen...ulah > eleh ku wikileaks....hahaha > > TM > > --- Pada *Rab, 8/12/10, oman abdurahman <[email protected]>* menulis: > > > Dari: oman abdurahman <[email protected]> > Judul: Re: [kisunda] Sajarah siliwangi 3# (ageman) > Kepada: [email protected] > Tanggal: Rabu, 8 Desember, 2010, 5:11 AM > > > > Hade eta kang Ilen, tenget pisan. Alusna mah memang unggal rek posting teh > diilikan deui eusi postinganana. Sabab, di ieu milist teh loba ahli > "analisis isi" model kang Ilen jeung nu sejenna. > > manar > > 2010/12/8 Ilen Kardani > <[email protected]<http://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/[email protected]> > > > > > Enya gening sarua pisan jeung nu diposting ku nonggerak sababaraha waktu > katukang, intina mah NGAPESKEUN kaluhungan Siliwangi ku nyieun reka carita > sarupa kieu. > > Sent from my iPhone > > On Dec 8, 2010, at 10:31, "Halimunan" > <[email protected]<http://id.mc766.mail.yahoo.com/mc/[email protected]>> > wrote: > > > Prabu siliwangi harita nyepeng ageman hindu, nu ampir di agem ku sakabeh > karajaan di sbudeureuna. > > Gancangna carita, samangsa mimiti asup ajaran ti sodagar2 nu datang ti > nagri sabrang, asup hiji ajaran nu nyelesep tiis kana hate rahayat di sisi > basisir. Hiji ajaran anu teu make kaheurasan dina nepikeuna, hiji ajaran anu > mere conto kasampurnaan ka rahayat harita, nyaeta ajaran islam nu > diturunkeun ku rosulullah, nabi muhammad saw. > > Beuki lila ajaran eta beuki asup jauh ka jero tatar sunda, teu ngan saukur > di basisir. Beuki loba jalma nu katarik jeung nyaritakeun eta ajaran di > rahayat pajajaran. Nepika antukna tepi ka prabu siliwangi anu masih ngagem > hindu harita. > > Prabu siliwangi hiji prabu anu wicaksana, teu ngahalang2 rahayatna pindah > atawa ngawangkongkeun eta ajaran. Nepika hiji mangsa prabu siliwangi nanya > ka baturna KI SANTANG ngeunaan eta ajaran. KI SANTANG nu jadi baturna, nu > dianggap guru ku siliwangi harita. > > KI santang mere jalan ka siliwangi kumaha carana nganyahokeun eta ajaran > anu leuwih jero nyaeta diajar ka sodagar2 anu mawa eta ajaran. Siliwangi > hayang nyaho leuwih jero, jeung hayang nyaho jalma mana nu bisa ngaleuwihan > kasakten anjeuna, nu euweuh babandingna di tatar sunda. Mun bener eta ajaran > sarimbag jeung eusina, bisa ngelehkeun kasakten jeung elmu2 nu dipiboga ku > siliwangi, siliwangi daek diajar leuwih jero kana eta ajaran. > > Gancangna kacaritakeun siliwangi panggih jeung hiji pamingpin ti nagri > sabrang nu beda gelar jeung anjeuna nu disebut prabu, eta pamingpin boga > gelar khalifah, anu cenah eta nagri teh mimitina biji eta ajaran. > > Siliwangi uplek ngawangkong jeung eta khalifah. Nepika siliwangi kedal yen > kasakten anjeuna euweuh nu bisa nandingan di ieu nagri. Teu sakara2, eta > khalifah nyodorkeun hiji kitab hareupeun siliwangi, dibuka terus dibacakeun > di hareupeun siliwangii. > > Raja anu kawentar sakti mandraguna, gagah rongkah euweuh tandingana, teu > sakara2, sawaktu ngadenge halimpuna eta eusi kitab didawamkeun, hatena > ngaleketey, awakna muriding, dadana ratug, aya nu beda, aya anu beda cenah > ceuk dina hatena.Euweuh nanaon geuning nu dipiboga ku kaula cenah, hatena > balaka. Socana cirambay teu puguh rasa. > > Antukna siliwangi, raja anu wicaksana, raja anu wani ngakukeun ka > kurangana, balaka ka eta khalifah, yen naon sakabeh nu dicekel ku anjeuna > ayeuna, nyatana teu sabanding jeung nu aya dina kitab eta. Eta kakara > dibacakeun, komo mun eusina cenah, teu kabayang sakumaha gede jeung agungna > eta eusi kitab. > > Beunang jieunan saha eta kitab teh cenah, dijawab yen eta kitab lain > dijieun ku manusa, eta kitab diturunkeun ka hiji manusa jang di bewarakeun > ka sakabeh umat di dunya, eta kitab terusan tina kitab2 saacana nyaeta > jabur, taurat jeung injil. Eta kitab disebut al qur'an cenah. Siliwangi ukur > olohok, oh ieu geuning nu jadi wangkongan aheng rahayat kuring ayeuna teh ? > Paingan cenah. > > Saparat kajadian eta, siliwangi hulang huleng mikiran kajadian eta, napsuna > teu narima, tapi hatena ajol2an hayang mibanda eta elmu nu anyar. Antukna > siliwangi menta pituduh ti KI SANTANG, kudu kumaha, KI SANTANG anu sarua > kataji ku eta ajaran, mere pitufuh supaya ngadatangkeun guru2 nu bisa > ngajarkeun eta ajaran. > > Gancangna siliwangi mimiti diajar eusi kitab eta ti guru2 nu di datangkeun > ka karaton, nepika mangsana siliwangi tungtungna maca dua kalimah syahadat > nu nandakeun yen anjeuna asup islam. Kitu deui KI SANTANG. > > Saenggeus siliwangi asup islam, anjeuna boga ngaran anyar, nyaeta Rohmat, > ngaran nu dipikaharep nurunkeun rohmat Allah swt ka sakabeh tatar sunda > ngaliwat diri rajana anu wicaksana. > > > >
