2010/12/9 oman abdurahman <[email protected]> > > > Kang Ilen, > > Sawatara waktu ka tukang, keur rame soal bancangpakewuh (bencana) alam, si > kuring sok mindeng nampa sms ti hiji kiyai oge ti salah saurang sepuh > kasundaan. Sumber aranjeunna: nya harewos-harewos atawa ilapat-ilapat, moal > boa model anu katarima ku kang Imun sok sanajan sumber jeung prosesna bisa > wae beda. Eusina eta sms ngabejaan rek ayana hiji kajadian bencana jeung > palakiah2na (usaha2 sangkan eta bencana henteu kajadian). Malah sababaraha > sms minangsaraya ka kuring sangkan eta beja teh ditepikeun ka atasan kuring > di kantor. > > Dina ngarespon eta sms2 beja pikahareupeun, kacida kuring tagiwurna, > mimitina mah. Taya lian anu mere beja teh kawilang kiai atawa sepuh anu > genteng kadek, legok tapak, anu jero pangalamanana, luhung elmuna jeung > integritas sadidintenna oge matak jadi panutan masyarakat. Tapi, > kabehdieunakeun si kuring panceg teu tagiwur deui. Eta beja2 via sms teh > disimpen wae ku kuring tara ditepikeun boh ka atasan atawa ka masyarakat > umum. Ari anu jadi soal taya lian utamana pakait jeung metodologi (jembarna: > epistimologi) panampian eta informasi anu kaasup teu parok jeung anu > digunakeun ku umumna masyarakat. > Aya ketang, uing sok meunang bocoranana ti Kang Manar. Hehehe. Uing kungsi maca artikel urang bule. Dina eta artikel dicaritakeun, yen cenah seniman gerot urang kulon, dina ngahasilkeun proses kreatifna, sabangsaning ngarang lirik lagu atawa irama musikna, sok aya nu "ngadatangkeun" balad ti alam sejen. Duka teuing bener henteuna mah. Ngan artikelna duka nu mana, kudu dikorehan deui.
Nuhun KM -mh-
