kang Maman hiji poin ti seratan kang Tebe implisit strategi nyanghareupan 
"jurig" dibantu pangawasa pajajaran oge kasultanan banten (make diplomasi "Adam 
Tunggal"). Janten masalahna sanes milih modernisasi atanapi henteu tapi "jurig" 
nu lambat gancang pasti datang. Di era republik masih janten patarosan, nu 
prediksi kang Tebe pami teu salah maca implisit nagara baduy oge bakal kagiles.

Sim kuring oge labuhna sanes kana masalah milih teu milih, masalahna kumaha 
nyikepan, ngigelan jaman global.

salam
JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Maman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Rab, 8 Desember, 2010 12:21:02
Judul: Re: [kisunda] Re: Bls:  Strategi Budaya Baduy -- Ti Ayah Mursid,

  
{...
Tapi kula boga hiji kacurigaan, lamun urang luar teu ngilu ngajaga wewengkon 
Baduy, Baduy moal kuat nahan 'musuhna' nu kiwari geus jadi bebegig sakitu 
gedena 
nyaeta urusan geopolitik, kapitalisme, pasar, konsumerisme jeung sajabana.
...}

Tah, upami ditilik sareng dikaitkeun kana geopolitik, kapitalism, pasar 
global...  tiasa katohyan yen urang kanekes sajatina kaasup jelema-2 anu nyata, 
pageuh-panceg(konsisten) ngalawan ideologi anu ampir ku mangkeluk sadunya 
diagem.

Kantos kajantenan di Cancun Meksiko[dina siaran TV], aya bentrokan antawis 
demonstran anu nangtang kana tirani globalisasi,  carana miceunan tai jeung 
kotoran ka simbol-simbol pasar global : resto Mc Donald. 


Bade milih mana ? Kamajuan(modernisasi) ku jalan ngilu globalisasi anu mana 
mawa 
dampak karuksakan lingkungan
ku ayana gejala pemanasan global, atawa hirup basajan harmonis jeung lingkungan 
alam ?

Urang Kanekes milih hirup basajan harmonis jeung lingkungan alam.

Ari kuring sorangan ? nya ngan ukur jadi komentator jeung penonton (bari teu 
bisa ninggalkeun pola hirup globalisasi).

Sami sareng saderak anu maca ieu seratan. he.he.he..

:)


 

Kirim email ke