Aya babaraha sipit jeung bule asup ka Baduy, rek Saba Budaya Baduy. Ngan tetep 
teu di bere ijin asup ka Tangtu. 

TRL
Ongkarana Sangtabean Pulukun Sembah Rahayu,
Ulah giroh Ulah linyok..

--- In [email protected], oman abdurahman <omana...@...> wrote:
>
> Urang balik deui kana pasualan poko anu ditawarkeun ku kang TRL pikeun
> didiskusikeun di dieu. Soal katahanan budaya, atrategi budaya atawa naon wae
> istilahna anu jadi sabab urang Kanekes nepi ka relatif bisa ajeg nepi ka
> kiwari dina tangtungan aranjeunna. Lepaskeun heula soal kosa kata atawa
> kekecapa anu digunakeun ku kang TRL laju dipairan ku Mh.
> 
> Dina postingan ti heula, si kuring geus milu mairan soal katahanan budaya
> urang Kenekes. Singgetna, sok sanajan wewengkon Baduy atawa Kenekes teu pati
> jauh ti ibu kota urang dibanding daerah2 suku adat liannya di Indonesia,
> tapi aranjeunna sakitu kukuhna dina kahirupan bari jeung tetep renggenek
> nyekel tatali parantina, budayana. Ieu hiji tanda anu bisa nuduhkeun yen
> aranjeunna teh sacara budaya cukup taha, cukup boga strategi budaya, teu
> linduh kaiuhan, teu gedag kaanginan. Naon rusiahna? atawa ajen inajen poko
> anu kumaha anu dicekel nepi ka bisa kitu?
> 
> Kang TRL dina postingan anu dipairan ku kuring ieu geus nataan salah
> sahijina, nyaeta tuhu ka pamimpin anu oge - eta pamimpin teh - tuhu nyekel
> adat istiada titinggal karuhunna jeung mere conto dina ngalarapkeunana.
> Hartina, aya leadership anu hijina ucapan jeung kalakuan di pamimpinna
> kalawan rajayatna tuhu ka eta pamimpin anu sarupa kitu.
> 
> Ajen inajen anu kadua, lamun kongan ku kuring dirumuskeun, nyaeta yen urang
> Kanekes teh tuhu oge dina ngajaga jeung miara kabuyutanana alias naon rupa
> sumber daya anu jadi sumber kahirupan sarere warga masyarakatkan kayaning
> taneuh, leuweung, cai, tutuwuhan, sasatoan, pepelakan jeung lingkungan alam
> sejenna. Dina hartina anu jembar, kabuyutan ngawengku oge kana naon rupa
> ajaran-ajaran anu hade ti luluhurna, tempat-tempat anu sakral kulantaran
> ajen sosialna jeung ajenna dina ngajaga kaajegan konstelasi alam mikro jeung
> makro.
> 
> Teu heran upama ieu ajara atawa amanat sangkan miara kabuyutan teh
> diwasiatkeun oge ku Prabu Darmasiksa dina Amanah Galunggung (naskah kuno,
> koropak ka sabaraha poho deui, tangtu Mh boga catetanana). Dina Amanah
> Galunggung, Prabu Darmasiksa nyarios yen sing saha anak bangsa (calon
> pamimpin, jembarna anggota masyarakat salaku leader2 di tempatna sewang2an,
> kumna sakabeh warga masyarakat) anu teu bisa ngajaga (komo nepi karebut ku
> musuh mah) kabuyutanana eta leuwih hina tinimbang kulit lasun anu aya di
> jarian (tempat runtah). Bayangkeun, kulit lasun sakitu bauna tur aya di
> tempat runtah, pitempateun sing sarwa anu bararu anu geus teu kapake, malah
> sumber panyakit lamun teu dikokolakeun mah. Nuduhkeun hinana jelema anu
> masrahkeun kitu wae kabuyutanana pikeun ditukeur ku hal-hal kaduniawian anu
> sifatna sawatara tur keur muaskeun hawa nafsu.
> 
> Ari jaman ayeuna kumaha? urang cokot wae conto anu gampangna,  sirah cai.
> Sirah cai ayeuna loba anu jadi milik pribadi, malah dijarualan kitu wae keur
> kauntungan sorangan jeung sawatara waktu. Pon kitu deui kai di leuweung
> malah jeung leuweungna beak diruksak atawa dijual. Rajakaya emas jeung
> barang logam sejenna oge sarua, dijual bari jeung masyarakat anu geus ti
> baheula nyicingan lahan sumber2na mah tetep teu kabagean kasajahtraan anu
> walatra sarerea. Eta dua conto. Numatak kaharti lamun aya talatah dina Ayat
> Mursid sangkan anu kulit bodas jeung kulit koneng teu meunang asup ka Baduy
> Jero kusabab, sigana, ningali potensina dina ngalarapkeun sumanget
> kapitalisme, ngeruk rajakaya alam kalawan makmak-mekmek teu nolih ka alam
> lingkungan jeung masyarakat sabudeureunana (nyarita kieu teh bari rada
> was-wasa sabab ngadenge iber ayeuna-ayeuna ieu cenah mah geus loba oge anu
> saripit arasup ka Baduy Jero - cikan kang TRL neda konfirmasina kana eta
> beja. Nuhun sateuacanna).
> 
> Cag sakitu heula
> 
> manar
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 2010/12/9 Tubagus Rifki L <tbri...@...>
> 
> >
> >
> > Hiji...sok tambihan saha deui..nu bade ngajukeun pangartos sundana..
> > urang nyukcruk galur nu kapungkur, mapay tapak nu baehula..rada di belah
> > ditu pan kang imun keur nyarita Siliwangi..
> >
> > TRL
> >
> > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs579@>
> > wrote:
> > >
> > > Moal kitu eta teh sasakalana jiga kieu:
> > >
> > > ongkarana <= ongkara + na <= ungkara + na
> > >
> > > nu bisa dihartikeun "sabda"
> > >
> > > sangtabean <= sang + tabe + an
> > >
> > > meureun maksudna "nu maha ngahampura"
> > >
> > > 2010/12/9 Tubagus Rifki L <tbrifki@>
> >
> > >
> > > >
> > > >
> > > > Sok lah nu ngaraos urang Sunda, pang walerkeun eta patarosan kang mh di
> > > > handap.....kula ngalongok dina kamus Basa Sunda teu panggih..
> > > >
> > > > TRL
> > > >
> > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> <kisunda%
> > 40yahoogroups.com>, mh <khs579@>
> >
> > > > wrote:
> > > > >
> > > > > 2010/12/9 Tubagus Rifki L <tbrifki@>
> > > >
> > > > >
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu,
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > > Resep ngabandungan carita Kang TRL perkara Baduy.
> > > > >
> > > > > Cing bejaan uing naon basa prianganana eta /ongkarana/ jeung
> > /sangtabean/
> > > > > teh?
> > > > > -mh-
> > > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > >
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke