Nilik kana lalampah urang Kanekes, ditingali sabage sistim sosial nu
sabeungkeut, Urang Kanekes boga pamingpin nu di gugu. Kapangmimpinan nu epektip
(ngadek kudu saclekna) jiga kieu nu ngajadikeun tingkat konformitas rahayat
kanekes nu luhur, contona make baju sarua warnana, nyieun imah nyula-nyanda ,
teu aya lalaki baduy nu nyandung jeung sajabana.
Kapangmimpinan model kieu geus jarang katingali di desa-desa liana. Atawa di
republik ieu(?!)
Salah pisan di jaman SIPILIS kieu lamun urang Bandung nurutan urang Kanekes sa
aya-ayana, kula ke teu bisa ulin ka heritage atawa factory outlet.
Kitu deui, salah pisan lamun urang Banten, meleg-meleg ngagelong naon bae nu
ditawarkeun ku si SIPILIS, bari teu ngarti wangun pamikiranana, konsekuensi
praktisna jeung hal-hal nu tangtuna aya kanegatipanana, kateucocokanana. Pan nu
teu cocok tong sok dicocok-cocokeun.
Makana kitu, eta pangwangunan budaya di antarana ningkatkeun kualitas
pendidikan boh dasar boh luhur. Muncakeun kamampuan diri manusa. Tah, bari
ngaresto di Mcdee bari ngoprek notebook nu kasambung ka wifi, Urang Baduy
gundreng ngadiskusikeun proyek baduy nyieun pasawat ka panonpoe. Tetep
maranehanana disebut urang Baduy, ngarasa jadi Baduy, di Kanekes masih aya
patok beton putih, Puun masih aya, jaro pamarentah masih aya, imahna tetep tinu
bilik, ngan jalan satapak kiwari geus diganti ku jalan magnetik nu nganteurkeun
urang Baduy ka luar ka jero. NKRI teu wanieun nandatangan kontrak jeung Newmont
sang ngagali emas di wewengkon Baduy!
Ceuk pamadegan kula, sakabeh nu di luhur pakuat-pakait jeung Strategi Budaya.
Budaya nangtukeun ciciren masing-masing manusa, sabalikna masing-masing manusa
nyumbang kana nanahaon nu disebut budaya.
Lamun teu ditalungtik teu dipikiran-pikiran acan, ka mana arah budaya urang
sarerea, tangtuna jiga kiwari Urang Sunda, pan cenah bahasana rek leungit, loba
elit Sunda nu hayang jadi pamimpin puncrut NKRI tapi teu mancat-mancat. Urang
Sunda ka handap teu akaran, ka luhur teu pucukan (dina sual politik,
wewengkonna geh lengit jadi Jawa). Salah sahiji sababna teu kauntup wangun
pamikiran jiga urang Baduy nu boga 'Strategi Budaya' sorangan, boh sanajan loba
dulur-dulurna ti belah wetan nu nyieun stigma negatip, yen urang Baduy eta
jelema blo'on, primitive, dusun, rawayan jeung sajabana.
Ngabandingkeun SB Baduy jeung kahirupan dulur-dulurna nu geus rada majumodern
memang teu pasagi gambir. Tapi aya prinsip-prinsip dasar nu bisa ditalungtik.
Faktor-faktor naon di na kamasyarakatan Baduy, nu sacara moncorong mangaruhan
kayaan Baduy nu relatip tetep ajeg Budayana? Naon tah Adam Tunggal?
Rada panjang kula nyarita, sabodo lah. Bisa bener, bisa salah.
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu,
nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor.
TRL
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/