Nuhun kang, mangga urang balik deui kana topikna "Strategi Budaya Baduy".
Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rab, 8 Desember, 2010 14:31:29 Judul: Re: Bls: [kisunda] Re: Bls: Strategi Budaya Baduy -- Ti Ayah Mursid, Nya kedahna gaduh karumasaan we.[minimal] Ulah demo kaditu kadieu, siga nu heueuh, nentang ANTI SEPILIS (Sekuler, Pluralis, Liberalis) anu mangrupakeun paket globalisasi, ari sapopoe sagulung-sagalang dina paket eta. Lamun nyaan nentang, nya wayahna kudu ngilu pola hirup siga Urang Kanekes. (teu aya komputer-internet, teu aya mobil-motor, TV, McDonald djste) Sanggem ? Heunteu pan ! :) --- On Wed, 12/8/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote: kang Maman hiji poin ti seratan kang Tebe implisit strategi nyanghareupan "jurig" dibantu pangawasa pajajaran oge kasultanan banten (make diplomasi "Adam Tunggal"). Janten masalahna sanes milih modernisasi atanapi henteu tapi "jurig" nu lambat gancang pasti datang. Di era republik masih janten patarosan, nu prediksi kang Tebe pami teu salah maca implisit nagara baduy oge bakal kagiles. Sim kuring oge labuhna sanes kana masalah milih teu milih, masalahna kumaha nyikepan, ngigelan jaman global. salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rab, 8 Desember, 2010 12:21:02 Judul: Re: [kisunda] Re: Bls: Strategi Budaya Baduy -- Ti Ayah Mursid, {... Tapi kula boga hiji kacurigaan, lamun urang luar teu ngilu ngajaga wewengkon Baduy, Baduy moal kuat nahan 'musuhna' nu kiwari geus jadi bebegig sakitu gedena nyaeta urusan geopolitik, kapitalisme, pasar, konsumerisme jeung sajabana. ...} Tah, upami ditilik sareng dikaitkeun kana geopolitik, kapitalism, pasar global... tiasa katohyan yen urang kanekes sajatina kaasup jelema-2 anu nyata, pageuh-panceg(konsisten) ngalawan ideologi anu ampir ku mangkeluk sadunya diagem. Kantos kajantenan di Cancun Meksiko[dina siaran TV], aya bentrokan antawis demonstran anu nangtang kana tirani globalisasi, carana miceunan tai jeung kotoran ka simbol-simbol pasar global : resto Mc Donald. Bade milih mana ? Kamajuan(modernisasi) ku jalan ngilu globalisasi anu mana mawa dampak karuksakan lingkungan ku ayana gejala pemanasan global, atawa hirup basajan harmonis jeung lingkungan alam ? Urang Kanekes milih hirup basajan harmonis jeung lingkungan alam. Ari kuring sorangan ? nya ngan ukur jadi komentator jeung penonton (bari teu bisa ninggalkeun pola hirup globalisasi). Sami sareng saderak anu maca ieu seratan. he.he.he.. :)
