Urang balik deui kana pasualan poko anu ditawarkeun ku kang TRL pikeun
didiskusikeun di dieu. Soal katahanan budaya, atrategi budaya atawa naon wae
istilahna anu jadi sabab urang Kanekes nepi ka relatif bisa ajeg nepi ka
kiwari dina tangtungan aranjeunna. Lepaskeun heula soal kosa kata atawa
kekecapa anu digunakeun ku kang TRL laju dipairan ku Mh.

Dina postingan ti heula, si kuring geus milu mairan soal katahanan budaya
urang Kenekes. Singgetna, sok sanajan wewengkon Baduy atawa Kenekes teu pati
jauh ti ibu kota urang dibanding daerah2 suku adat liannya di Indonesia,
tapi aranjeunna sakitu kukuhna dina kahirupan bari jeung tetep renggenek
nyekel tatali parantina, budayana. Ieu hiji tanda anu bisa nuduhkeun yen
aranjeunna teh sacara budaya cukup taha, cukup boga strategi budaya, teu
linduh kaiuhan, teu gedag kaanginan. Naon rusiahna? atawa ajen inajen poko
anu kumaha anu dicekel nepi ka bisa kitu?

Kang TRL dina postingan anu dipairan ku kuring ieu geus nataan salah
sahijina, nyaeta tuhu ka pamimpin anu oge - eta pamimpin teh - tuhu nyekel
adat istiada titinggal karuhunna jeung mere conto dina ngalarapkeunana.
Hartina, aya leadership anu hijina ucapan jeung kalakuan di pamimpinna
kalawan rajayatna tuhu ka eta pamimpin anu sarupa kitu.

Ajen inajen anu kadua, lamun kongan ku kuring dirumuskeun, nyaeta yen urang
Kanekes teh tuhu oge dina ngajaga jeung miara kabuyutanana alias naon rupa
sumber daya anu jadi sumber kahirupan sarere warga masyarakatkan kayaning
taneuh, leuweung, cai, tutuwuhan, sasatoan, pepelakan jeung lingkungan alam
sejenna. Dina hartina anu jembar, kabuyutan ngawengku oge kana naon rupa
ajaran-ajaran anu hade ti luluhurna, tempat-tempat anu sakral kulantaran
ajen sosialna jeung ajenna dina ngajaga kaajegan konstelasi alam mikro jeung
makro.

Teu heran upama ieu ajara atawa amanat sangkan miara kabuyutan teh
diwasiatkeun oge ku Prabu Darmasiksa dina Amanah Galunggung (naskah kuno,
koropak ka sabaraha poho deui, tangtu Mh boga catetanana). Dina Amanah
Galunggung, Prabu Darmasiksa nyarios yen sing saha anak bangsa (calon
pamimpin, jembarna anggota masyarakat salaku leader2 di tempatna sewang2an,
kumna sakabeh warga masyarakat) anu teu bisa ngajaga (komo nepi karebut ku
musuh mah) kabuyutanana eta leuwih hina tinimbang kulit lasun anu aya di
jarian (tempat runtah). Bayangkeun, kulit lasun sakitu bauna tur aya di
tempat runtah, pitempateun sing sarwa anu bararu anu geus teu kapake, malah
sumber panyakit lamun teu dikokolakeun mah. Nuduhkeun hinana jelema anu
masrahkeun kitu wae kabuyutanana pikeun ditukeur ku hal-hal kaduniawian anu
sifatna sawatara tur keur muaskeun hawa nafsu.

Ari jaman ayeuna kumaha? urang cokot wae conto anu gampangna,  sirah cai.
Sirah cai ayeuna loba anu jadi milik pribadi, malah dijarualan kitu wae keur
kauntungan sorangan jeung sawatara waktu. Pon kitu deui kai di leuweung
malah jeung leuweungna beak diruksak atawa dijual. Rajakaya emas jeung
barang logam sejenna oge sarua, dijual bari jeung masyarakat anu geus ti
baheula nyicingan lahan sumber2na mah tetep teu kabagean kasajahtraan anu
walatra sarerea. Eta dua conto. Numatak kaharti lamun aya talatah dina Ayat
Mursid sangkan anu kulit bodas jeung kulit koneng teu meunang asup ka Baduy
Jero kusabab, sigana, ningali potensina dina ngalarapkeun sumanget
kapitalisme, ngeruk rajakaya alam kalawan makmak-mekmek teu nolih ka alam
lingkungan jeung masyarakat sabudeureunana (nyarita kieu teh bari rada
was-wasa sabab ngadenge iber ayeuna-ayeuna ieu cenah mah geus loba oge anu
saripit arasup ka Baduy Jero - cikan kang TRL neda konfirmasina kana eta
beja. Nuhun sateuacanna).

Cag sakitu heula

manar










2010/12/9 Tubagus Rifki L <[email protected]>

>
>
> Hiji...sok tambihan saha deui..nu bade ngajukeun pangartos sundana..
> urang nyukcruk galur nu kapungkur, mapay tapak nu baehula..rada di belah
> ditu pan kang imun keur nyarita Siliwangi..
>
> TRL
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs...@...>
> wrote:
> >
> > Moal kitu eta teh sasakalana jiga kieu:
> >
> > ongkarana <= ongkara + na <= ungkara + na
> >
> > nu bisa dihartikeun "sabda"
> >
> > sangtabean <= sang + tabe + an
> >
> > meureun maksudna "nu maha ngahampura"
> >
> > 2010/12/9 Tubagus Rifki L <tbri...@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > Sok lah nu ngaraos urang Sunda, pang walerkeun eta patarosan kang mh di
> > > handap.....kula ngalongok dina kamus Basa Sunda teu panggih..
> > >
> > > TRL
> > >
> > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> <kisunda%
> 40yahoogroups.com>, mh <khs579@>
>
> > > wrote:
> > > >
> > > > 2010/12/9 Tubagus Rifki L <tbrifki@>
> > >
> > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu,
> > > > >
> > > > >
> > > > > Resep ngabandungan carita Kang TRL perkara Baduy.
> > > >
> > > > Cing bejaan uing naon basa prianganana eta /ongkarana/ jeung
> /sangtabean/
> > > > teh?
> > > > -mh-
> > > >
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke