Kang Ilen kamungkinan pasti sarua pan sumberna sarua jeung Nonggerak. Pami 
satuju keun bere kasempetan bah Imun  namatkeun caritana ke dibahas sasarengan 
satuntasna. Oge tangtos pami gaduh versi sejenna mangga dipedar. Sugan pami 
disusun alur bahasan urang tiasa namatkeun Sajarah Siliwangi Duka janten 
sabaraha versi jeung tangtu can puguh nyugemakeun sadaya, tapi minimal urang 
teu 
bolak balik hal eta deui eta deui,  teu maju2, "mbulet" ceuk urang jawa mah.

salam
JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Ilen Kardani <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Cc: "[email protected]" <[email protected]>
Terkirim: Rab, 8 Desember, 2010 13:02:56
Judul: Re: [kisunda] Sajarah siliwangi 3# (ageman)

  
Enya gening sarua pisan jeung nu diposting ku nonggerak sababaraha waktu 
katukang, intina mah NGAPESKEUN kaluhungan Siliwangi ku nyieun reka carita 
sarupa kieu.

Sent from my iPhone

On Dec 8, 2010, at 10:31, "Halimunan" <[email protected]> wrote:


  
>Prabu siliwangi harita nyepeng ageman hindu, nu ampir di agem ku sakabeh 
>karajaan di sbudeureuna. 
>
>
>Gancangna carita, samangsa mimiti asup ajaran ti sodagar2 nu datang ti nagri 
>sabrang, asup hiji ajaran nu nyelesep tiis kana hate rahayat di sisi basisir. 
>Hiji ajaran anu teu make kaheurasan dina nepikeuna, hiji ajaran anu mere conto 
>kasampurnaan ka rahayat harita, nyaeta ajaran islam nu diturunkeun ku 
>rosulullah, nabi muhammad saw.
>
>Beuki lila ajaran eta beuki asup jauh ka jero tatar sunda, teu ngan saukur di 
>basisir. Beuki loba jalma nu katarik jeung nyaritakeun eta ajaran di rahayat 
>pajajaran. Nepika antukna tepi ka prabu siliwangi anu masih ngagem hindu 
>harita.
>
>Prabu siliwangi hiji prabu anu wicaksana, teu ngahalang2 rahayatna pindah 
>atawa 
>ngawangkongkeun eta ajaran. Nepika hiji mangsa prabu siliwangi nanya ka 
>baturna 
>KI SANTANG ngeunaan eta ajaran. KI SANTANG nu jadi baturna, nu dianggap guru 
>ku 
>siliwangi harita.
>
>KI santang mere jalan ka siliwangi kumaha carana nganyahokeun eta ajaran anu 
>leuwih jero nyaeta diajar ka sodagar2 anu mawa eta ajaran. Siliwangi hayang 
>nyaho leuwih jero, jeung hayang nyaho jalma mana nu bisa ngaleuwihan kasakten 
>anjeuna, nu euweuh babandingna di tatar sunda. Mun bener eta ajaran sarimbag 
>jeung eusina, bisa ngelehkeun kasakten jeung elmu2 nu dipiboga ku siliwangi, 
>siliwangi daek diajar leuwih jero kana eta ajaran.
>
>Gancangna kacaritakeun siliwangi panggih jeung hiji pamingpin ti nagri sabrang 
>nu beda gelar jeung anjeuna nu disebut prabu, eta pamingpin boga gelar 
>khalifah, 
>anu cenah eta nagri teh mimitina biji eta ajaran.
>
>Siliwangi uplek ngawangkong jeung eta khalifah. Nepika siliwangi kedal yen 
>kasakten anjeuna euweuh nu bisa nandingan di ieu nagri. Teu sakara2, eta 
>khalifah nyodorkeun hiji kitab hareupeun siliwangi, dibuka terus dibacakeun di 
>hareupeun siliwangii.
>
>Raja anu kawentar sakti mandraguna, gagah rongkah euweuh tandingana, teu 
>sakara2, sawaktu ngadenge halimpuna eta eusi kitab didawamkeun, hatena 
>ngaleketey, awakna muriding, dadana ratug, aya nu beda, aya anu beda cenah 
>ceuk 
>dina hatena.Euweuh nanaon geuning nu dipiboga ku kaula cenah, hatena balaka. 
>Socana cirambay teu puguh rasa.
>
>Antukna siliwangi, raja anu wicaksana, raja anu wani ngakukeun ka kurangana, 
>balaka ka eta khalifah, yen naon sakabeh nu dicekel ku anjeuna ayeuna, nyatana 
>teu sabanding jeung nu aya dina kitab eta. Eta kakara dibacakeun, komo mun 
>eusina cenah, teu kabayang sakumaha gede jeung agungna eta eusi kitab.
>
>Beunang jieunan saha eta kitab teh cenah, dijawab yen eta kitab lain dijieun 
>ku 
>manusa, eta kitab diturunkeun ka hiji manusa jang di bewarakeun ka sakabeh 
>umat 
>di dunya, eta kitab terusan tina kitab2 saacana nyaeta jabur, taurat jeung 
>injil. Eta kitab disebut al qur'an cenah. Siliwangi ukur olohok, oh ieu 
>geuning 
>nu jadi wangkongan aheng rahayat kuring ayeuna teh ? Paingan cenah.
>
>Saparat kajadian eta, siliwangi hulang huleng mikiran kajadian eta, napsuna 
>teu 
>narima, tapi hatena ajol2an hayang mibanda eta elmu nu anyar. Antukna 
>siliwangi 
>menta pituduh ti KI SANTANG, kudu kumaha, KI SANTANG anu sarua kataji ku eta 
>ajaran, mere pitufuh supaya ngadatangkeun guru2 nu bisa ngajarkeun eta ajaran.
>
>Gancangna siliwangi mimiti diajar eusi kitab eta ti guru2 nu di datangkeun ka 
>karaton, nepika mangsana siliwangi tungtungna maca dua kalimah syahadat nu 
>nandakeun yen anjeuna asup islam. Kitu deui KI SANTANG.
>
>Saenggeus siliwangi asup islam, anjeuna boga ngaran anyar, nyaeta Rohmat, 
>ngaran 
>nu dipikaharep nurunkeun rohmat Allah swt ka sakabeh tatar sunda ngaliwat diri 
>rajana anu wicaksana.
>
>
>
 

Kirim email ke