Sajarah ? mani peta ngunikeun sajarah.Namina sajarah mah pan puguh kriteriana.jeung tara loba paheol loba versi.Puguh tauna,tempatna dsb.
2010/12/9 Halimunan <[email protected]> > > > Ti saprak siliwangi ngagem kayakinan nyaeta Islam, loba kabiasaanana nu teu > saluyu jeung kaislamana robah. Siliwangi hayang mere conto lain nuduh2 soal > kaislaman ka rahayatna. > > Salah sahijina, sakabeh barang2 sisimpenan siliwangi atawa oge ni > dibikeunan ka pamingpin2 di lingkung pajajaran, anu kaeusian ku mistik, > kakuatan, tahayul jsb, ditarik derui ku siliwangi, bisi kabawa doraka cenah, > dikumpulkeun deui ku abdi2 karaton. Siliwangi usaha samampuna nyimpen > titingal anjeuna supaya teu kabawa doraka nyembah berhala cenah. > > Kajeun siliwangi kakara asup islam, tapi ku kapinterana jeung tekadna, > kaislamanana gancang deukeut kana kasampurnaan kaislaman jelema, bisa mere > conto, mere pituah jeung leket kana ibadah, ieu cikal bakalna anjeuna > disebut sunan, nyaeta sunan rohmat. > > Katilu para putrana nyaeta walang sungsang, lara santang, rakean santang, > estuning kadidik langsung kaislamanana ku siliwangi nu jadi ramana, ku > subang larang nu jadi biangna, ku akina bapana subang larang, jeung dididik > budi pekerti ku ki santang batur jeung nu diaku guru ku siliwangi. > > Islam beuki jadi ajaran nu matak kataji rahayat sunda di kalerna, dikulona, > di wetanna, di kidulna anu salila ieu ngagem ajaran hindu. > > Dayeuh jadi pusat pamarentahan, sakalian pusat pangajaran sagala elmu, > kaasup elmu kaislaman. Di beulah katuhu rada kahareup dayeuh pajajaran aya > masjid agung, henteu gede tapi jadi simbul tegakna islam di bumi pajajaran, > di pusatna pajajaran. > > Rada di pasisian dayeuh aya hiji pasantren gede, nu tempatna rada kahandap > di kuriling ku pasawahan nu ngeplok hejo di gigiran ku leuweung. > > Di tengah dayeuh lingkung karaton aya sasaungan, paranti siliwangi > nelekeun, nyaksian rahayatna digarawe, nu tatanen, nu dagang, nu kuli jsb. > Karesep siliwangi nempokeun rahayatna digarawe jang kamakmuran rahayatna > sorangan, di aping ku kanyaah siliwangi ka rahayatna. > > Kacapi jeung suling nu kerep di ulinkeun ki siliwangi di sasaungan nu bisa > nempokeun gunung gede anu nagog hareupeun. Gunung anu katempo milu ngiuhan > sapangeusi dayeuh, milu ngajaga katengtreman sapangeusi dayeuh. Estu hiji > tempat nu siga di sawarga loka, dipingpin ku hiji pamingpin nu mawa > kaendahan sorga ja rahayatna. > > Siliwangi jeung dayeuh anu mawa wawangi ka tempat jeung pangusina. Bener2 > seungit nyambuang kaluar jeung kajero. > > >
