Bisa gugur bisa henteu eta klaim teh, Bah. Lamun PS harita ngagem Islam laju diposisikeun salaku pamimpin/raja anu ngahargaan pluralisme (gambaranana: model NKRI anu dasarna Pancasila anu mana Presiden na sok sanajan ngagem agama Islam tapi ngahargaan ka agama anu lian anu dianut ku sabagean masyarakatna), nya anjeunna (PS) tangtu baris nyalindungan eta patempatan jeung adat istiadat atawa agama anu make eta patempatan. Sok komo upama eta patempatan teh mibanda fungsi dina konservasi lingkungan (make basa ayeuna). Ku sakitu ageung jasana, nepi ka diabadikeun dina prasasti Batutulis.
Kuring sapamadegan jeung nu lian, yen mangsa harita di Tatar Sunda geus sumebar agama2, lain Islam wae. Aya Hindu, Budha, Kristen, Islam angkatan mimiti (anu asup dina abad 7 M) jeung Islam madzhab anyar (anu asup dina abad 16-17 M). PS aya dina hiji jaman awal pluralisme. Hiji kamapimpinan anu ngahargaan pluralisme tuladaneun rahayatna kacida diperlukeun sangkan katengtreman kahirupan kajamin. Minimal dina visi ieu saheulaanan si kuring nyawang PS. Anjeunna teh hiji raja anu sakitu gede perhatianana kana karaharjaan jeung katengtreman rahayatna. Ku ieu visi, anjeunna nolak sarupaning peperangan anu baris ngabalangsakeun rahayatna, sok sanajan di jerona aya muata nyebarkeun agama (atawa sabalikna). manar 2010/12/12 Waluya <[email protected]> > > > > From: "Waluya" <[email protected] <waluya2006%40yahoo.co.id>> > > Ku mucunghulna pamadegan yen Siliwangi teh geus ngagem Islam, klaim yen > Rancamaya teh situs Hindhu jadi "gugur" sorangan, Rancamaya lain > "naon-naon", euweuh hartina keur sajarah Sunda. Jadi SALUYU jeung KAHAYANG > DEVELOPER, oge saluyu jeung mantan Menteri Agama nu baheula "ngukuy" > Batutulis. Tapi tanggtu wae pamadegan Siliwangi ngagem Islam, lain pesenan > ti developer Rancamaya, da Situs Rancamayana oge geus ancur. Ngan ieu mah > sakadar ngingetkeun, ati-ati kana hiji hal anu acan pasti, sabab bisa > dimanfaatkeun kunu "seukeut aambeuan" kana bisnis .. > > Baktos, > WALUYA > > >
