bah willy, kuring mah maca di milis ieu we, sapamacaan aya sababara urang nu kungsi nyerat yen pernah ngadangu/dipasihan terang kana dongeng saperti ti bah imun. nya ku kuring teh cariosan bah imun dilebetkeun kana mitos we. bubuhan sapertos saur saurang baraya, dina caritana teu aya tempat jeung pananggalan nu bisa disungsi ku sarerea. teu aya artefak-artefak (prasasti, naskah, jsb) nu tiasa ditingali. ukur nyarandekeun kana beja ti jin.
nyarioskeun perkara jin, abdi hoyong naros ka bah imun (nyerat sareng anjeunna mah, rupina, kedah wae ngangge basa lemes priangan), sabaraha jalmi di tatar sunda nu tiasa dialog sareng jin? sarengna saur bah imun (upami lepat punten) ukur jin nu tiasa ngajak nyarios ka jalmi, teu tiasa sabalikna, jadi rupina nyarios ka jin teu tiasa dipelajari ku samborong jalmi nya bah? padahal sim abdi, saentosna macaan seratan salira hoyong pisan ngobrol jeung jin. :) 2010/12/14 Waluya <[email protected]> > > > > From: Dudi Herlianto > > pan sim abdi teh naros kulan. naha kedah percanten? kedah percanten siga > > kumanten? naon nu dibeunyeurbeaskeun ku > > salira panjenengan teh mung ukur dugi ka kelas mitos. > > Luhur teuing disebut "kelas mitos" mah, sabab ari mitos mah kudu aya > masyarakatna nu percaya. Ieu mah karangan Kang Imun we, tapi tokoh-tokohna > nginjeum tina tokoh-tokoh mitos di Priangan, pangpangna Garut, Babad Godog > . Kang Imun nyebutkeun aran Prabu Siliwangi sanggeus asup Islam jadi SUNAN > ROKHMAT SUCI sedengkeun dina Babad Godog, nu disebut Syeh SUNAN ROKHMAT > SUCI teh Prabu Kean Santang nu ngudag-ngudag ramana supaya asup Islam. > Makam Syeh Sunan Rokhmat Suci ayana di Desa Lebak Agung, Kacamatan Karang > Pawitan, Garut. Tepi ka ayeuna makam ieu dikaramatkeun, ngan kacirina makam > > Karamat Godog kurang dipikawanoh ku urang sunda di luar Garut (atawa oge di > > Garutna sorangan?) , da buktina teu aya komentar ti member milis kisunda > waktu Kang Imun nyebut-nyebut Syeh Sunan Rokhmat Suci . > > Kang Imun (salah saurangna) mungkin wae urang dinya, atawa nu kungsi jiarah > > ka makam karamat ieu, sigana mah ngarasa teu cocog jeung carita mitosna > atawa duka ku alesan naon, hayang NGAROBAH plot carita Syeh Sunan Rokhmat > Suci ku versi manehna. Tangtu sah-sah wae arek ngarang mah sanajan nu boga > lalakonna meunang nginjeum tina tokoh babad oge, tapi ulah maksa batur kudu > > percaya, tepika mamawa jin sagala. Jeung deui umpama hayang ngarobah supaya > > dipercaya, salah sasaran, lain di millis kisunda nu memberna teu arapaleun > kana makam karamat Syeh Rokmat Suci, tapi ditempatna di Karang pawitan. > Lamun perlu ganti kuncenna ku Kang Imun ....hahahaha > > Keur baraya nu hayang terang makam karamat Syeh Sunan Rokhmat Suci (Prabu > Keang santang), mangga digoogle wae, bakal ngaburulu infona, salah sahijina > > mangga di alamat ieu: > > http://bpsnt-bandung.blogspot.com/2009/10/juru-kunci-makam-keramat-godog-suatu.htm. > Kanggo kanu parantos terang, cik akses kadinya nganggo naon, hiji waktu > kuring hayang jiarah kadinya ...... > > Baktos, > WALUYA > ,___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
