> Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
> bah willy, kuring mah maca di milis ieu we, sapamacaan aya sababara
> urang nu kungsi nyerat yen pernah ngadangu/dipasihan terang kana
> dongeng saperti ti bah imun. nya ku kuring teh cariosan bah imun
> dilebetkeun kana mitos we.
Nya mangga bade dilebetkeun mitos oge ...hehehe, sanajan kuring boga pamanggih
mitos mah kudu aya nu mitoskeunana, teu asal carita terus jadi mitos. Naon
sababna kuring teu nyebut mitos kana karangan Halimunan, sabab manehna
ngarobah-robah jalan carita nu geus jadi mithos, Syeh Sunan Rokhmat Suci. Aya
kesan di kuring, Halimunan teh keur "ngageuhgeuykeun" tepika "ngece"
kapercayaan kana mithos ieu, nu mungkin wae dipercaya ku penduduk di
sabudeureun makam Karamat Syeh Sunan Rokhmat Suci di Karang Pawitan Garut. Cara
"ngecena" ku cara make jalan pikiran mithos oge, siga mamawa hal gaib/jin.
Ngan nyaeta jadi salah sasaran, sabab member kisunda, lain penduduk
disabudeureun makam karamat Sunan Rokmat Suci. Nya wajar we meunang reaksi
"negatip" oge, da puguh teu ngarti maksud Halimunan rek kamana. Tapi aya
kamungkinan sejen, dongeng hasil ngarobah ieu, mimitina mah di introduksi ka
masyarakat, ngan teu laku, jelema tetep percaya kana mithos heubeul, keur
"pelampiasanana" nya geblus weh diasupkeun ka kisunda.
Satadina mah kuring moal pipilueun jeung posting-posting Halimunan, ngan waktu
kuring posting soal museum titinggal Siliwangi di salah sahiji pasanttren di
Sukabumi, Halimun menanggapi postingan kuring ku ngece, make huruf nu teu puguh
hartina. Dua kali manehna mngareply postingan kuring siga kitu (jeung teu
kungsi menta maaf, padahal geus ditegor ku Kang Ilen). Ok lamun kitu mah,
kuring oge tukangna ari ngacapruks di millis mah.
Tah, ayeuna mah geus beres, sabab paling henteu kuring meunang jawaban, dongeng
Halimunan teh sabenerna karangan anyar, nu didasarkeun tina mithos nu hirup di
sabudeureun makam karamat Sunan Rokmat Suci di Garut. Kulantaran kitu, kuring
moal ngareply deui postingan-postingan Halimunan. Mending nyatritakeun nu sejen
deui ..ah!
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/