Moal aya nu tiasa ngahalangan halimun_an nepikeun carita sabenerna, ngaburak 
barik mitos nu di gegedekeun ku tukang ngarang carita salami ieu hehehehehe
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 15 Dec 2010 11:44:29 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] mistos halimun_an jeung jin Re: Babad Godog

hatur nuhun bah willy. ku kituna, pamadegan urang janten jelas. masalah
mitos halimun_an, rengse. peun ah...

2010/12/15 Waluya <[email protected]>

>
>
> > Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
> > bah willy, kuring mah maca di milis ieu we, sapamacaan aya sababara
> > urang nu kungsi nyerat yen pernah ngadangu/dipasihan terang kana
> > dongeng saperti ti bah imun. nya ku kuring teh cariosan bah imun
> > dilebetkeun kana mitos we.
>
> Nya mangga bade dilebetkeun mitos oge ...hehehe, sanajan kuring boga
> pamanggih mitos mah kudu aya nu mitoskeunana, teu asal carita terus jadi
> mitos. Naon sababna kuring teu nyebut mitos kana karangan Halimunan, sabab
> manehna ngarobah-robah jalan carita nu geus jadi mithos, Syeh Sunan Rokhmat
> Suci. Aya kesan di kuring, Halimunan teh keur "ngageuhgeuykeun" tepika
> "ngece" kapercayaan kana mithos ieu, nu mungkin wae dipercaya ku penduduk di
> sabudeureun makam Karamat Syeh Sunan Rokhmat Suci di Karang Pawitan Garut.
> Cara "ngecena" ku cara make jalan pikiran mithos oge, siga mamawa hal
> gaib/jin.
>
> Ngan nyaeta jadi salah sasaran, sabab member kisunda, lain penduduk
> disabudeureun makam karamat Sunan Rokmat Suci. Nya wajar we meunang reaksi
> "negatip" oge, da puguh teu ngarti maksud Halimunan rek kamana. Tapi aya
> kamungkinan sejen, dongeng hasil ngarobah ieu, mimitina mah di introduksi ka
> masyarakat, ngan teu laku, jelema tetep percaya kana mithos heubeul, keur
> "pelampiasanana" nya geblus weh diasupkeun ka kisunda.
>
> Satadina mah kuring moal pipilueun jeung posting-posting Halimunan, ngan
> waktu kuring posting soal museum titinggal Siliwangi di salah sahiji
> pasanttren di Sukabumi, Halimun menanggapi postingan kuring ku ngece, make
> huruf nu teu puguh hartina. Dua kali manehna mngareply postingan kuring siga
> kitu (jeung teu kungsi menta maaf, padahal geus ditegor ku Kang Ilen). Ok
> lamun kitu mah, kuring oge tukangna ari ngacapruks di millis mah.
>
> Tah, ayeuna mah geus beres, sabab paling henteu kuring meunang jawaban,
> dongeng Halimunan teh sabenerna karangan anyar, nu didasarkeun tina mithos
> nu hirup di sabudeureun makam karamat Sunan Rokmat Suci di Garut. Kulantaran
> kitu, kuring moal ngareply deui postingan-postingan Halimunan. Mending
> nyatritakeun nu sejen deui ..ah!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  __
> ___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke