Hehehe ka baraya sadayana, nuhun kang willy tos ngungkapkeun argumen na, ditampi.
Abdi ayeuna bade nyanggah kana tuduhan kang willy. 1. Abdi teu ngarang2 carita, sabab abdi kenging carita lain tina pikiran sorangan, kuring euweuh motivasi jang ngarang eta carita, teu untung teu rugi nyaritakeuna oge, nu aya cape kudu ngetik. 2. Salah gede kang willy nyebut kuring kungsi ka godog, can sakali2 acan, tempat na oge teu nyaho dimana, jadi teu mungkin kuring ngalungkeun ieu carita di kisunda kusabab pelarian karna kuring gagal ngagiring mitos penduduk kampung. 3. Kuring teu niat ngarubah mitos, dongeng, atawa tahayul nu beredar di masyarakat, teu aya untungna jang kuring sadaya nu lolobana cicing di jakarta, jarang pisan ka kampung ari lain lebran mah. 4. Kuring alesan wungkul mamawa gaib atawa jin, ah eta mah susah dibuktikeuna, kuring teu ngarasa adigung wawuh atawa bisa marentah maranehna ge, biasa we da sarua mahluk. Jin jang kuring sarerea mah dianggap sarua we gaul jeung manusa. Boro2 marentah nu hirup; cai, taneuh, seuneu jeung angin ge bisa hehehehe komo nu hirup.. Tapi da teu matak agul ka kuring sarerea mah da eta mah kajadian biasa. 5. Soal ngalecehkeun, asana ari soal kuring sarerea teu percaya kana mitos lain soal ngalecehkeun, nu teu percaya kana carita si aki nu ditepikeun ku kuring ge kuring teu asa dilecehkeun, dek percaya heug dek henteu heug.. Teu untung teu rugi.. Hihihihihi 6. Tina cariosan2 kang willy, jelas kang willy teu kungsi ngalaman diskusi tapi teu sakelompok, jadi we nepsong, alias gede ambek.. Biasana nu gede ambek teh nu rendah diri, atawa memang teu nyaho nanaon tapi hayang diaku ku batur, jadi jiga jaer kasaatan mun manehna teu diaku teh hehehehe abdi pan tos ngaku keberaedaan kang willy? Nyaeta jalmi nu kirang wawasan sareng atah elmuna, tapi asak mudal2 emosina hehehe Tah kitu baraya, mugi urang diajar milipir tina napsu pami dina forum nu macem2 latar belakang kieu.. Keun we beda2 mah, mun aya nu nyalahkeun nya tinggal di jwb, teu kedah nepsong hehehehe Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: "Waluya" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 15 Dec 2010 04:36:08 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] mistos halimun_an jeung jin Re: Babad Godog > Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote: > bah willy, kuring mah maca di milis ieu we, sapamacaan aya sababara > urang nu kungsi nyerat yen pernah ngadangu/dipasihan terang kana > dongeng saperti ti bah imun. nya ku kuring teh cariosan bah imun > dilebetkeun kana mitos we. Nya mangga bade dilebetkeun mitos oge ...hehehe, sanajan kuring boga pamanggih mitos mah kudu aya nu mitoskeunana, teu asal carita terus jadi mitos. Naon sababna kuring teu nyebut mitos kana karangan Halimunan, sabab manehna ngarobah-robah jalan carita nu geus jadi mithos, Syeh Sunan Rokhmat Suci. Aya kesan di kuring, Halimunan teh keur "ngageuhgeuykeun" tepika "ngece" kapercayaan kana mithos ieu, nu mungkin wae dipercaya ku penduduk di sabudeureun makam Karamat Syeh Sunan Rokhmat Suci di Karang Pawitan Garut. Cara "ngecena" ku cara make jalan pikiran mithos oge, siga mamawa hal gaib/jin. Ngan nyaeta jadi salah sasaran, sabab member kisunda, lain penduduk disabudeureun makam karamat Sunan Rokmat Suci. Nya wajar we meunang reaksi "negatip" oge, da puguh teu ngarti maksud Halimunan rek kamana. Tapi aya kamungkinan sejen, dongeng hasil ngarobah ieu, mimitina mah di introduksi ka masyarakat, ngan teu laku, jelema tetep percaya kana mithos heubeul, keur "pelampiasanana" nya geblus weh diasupkeun ka kisunda. Satadina mah kuring moal pipilueun jeung posting-posting Halimunan, ngan waktu kuring posting soal museum titinggal Siliwangi di salah sahiji pasanttren di Sukabumi, Halimun menanggapi postingan kuring ku ngece, make huruf nu teu puguh hartina. Dua kali manehna mngareply postingan kuring siga kitu (jeung teu kungsi menta maaf, padahal geus ditegor ku Kang Ilen). Ok lamun kitu mah, kuring oge tukangna ari ngacapruks di millis mah. Tah, ayeuna mah geus beres, sabab paling henteu kuring meunang jawaban, dongeng Halimunan teh sabenerna karangan anyar, nu didasarkeun tina mithos nu hirup di sabudeureun makam karamat Sunan Rokmat Suci di Garut. Kulantaran kitu, kuring moal ngareply deui postingan-postingan Halimunan. Mending nyatritakeun nu sejen deui ..ah! Baktos, WALUYA
