hatur nuhun bah willy. ku kituna, pamadegan urang janten jelas. masalah mitos halimun_an, rengse. peun ah...
2010/12/15 Waluya <[email protected]> > > > > Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote: > > bah willy, kuring mah maca di milis ieu we, sapamacaan aya sababara > > urang nu kungsi nyerat yen pernah ngadangu/dipasihan terang kana > > dongeng saperti ti bah imun. nya ku kuring teh cariosan bah imun > > dilebetkeun kana mitos we. > > Nya mangga bade dilebetkeun mitos oge ...hehehe, sanajan kuring boga > pamanggih mitos mah kudu aya nu mitoskeunana, teu asal carita terus jadi > mitos. Naon sababna kuring teu nyebut mitos kana karangan Halimunan, sabab > manehna ngarobah-robah jalan carita nu geus jadi mithos, Syeh Sunan Rokhmat > Suci. Aya kesan di kuring, Halimunan teh keur "ngageuhgeuykeun" tepika > "ngece" kapercayaan kana mithos ieu, nu mungkin wae dipercaya ku penduduk di > sabudeureun makam Karamat Syeh Sunan Rokhmat Suci di Karang Pawitan Garut. > Cara "ngecena" ku cara make jalan pikiran mithos oge, siga mamawa hal > gaib/jin. > > Ngan nyaeta jadi salah sasaran, sabab member kisunda, lain penduduk > disabudeureun makam karamat Sunan Rokmat Suci. Nya wajar we meunang reaksi > "negatip" oge, da puguh teu ngarti maksud Halimunan rek kamana. Tapi aya > kamungkinan sejen, dongeng hasil ngarobah ieu, mimitina mah di introduksi ka > masyarakat, ngan teu laku, jelema tetep percaya kana mithos heubeul, keur > "pelampiasanana" nya geblus weh diasupkeun ka kisunda. > > Satadina mah kuring moal pipilueun jeung posting-posting Halimunan, ngan > waktu kuring posting soal museum titinggal Siliwangi di salah sahiji > pasanttren di Sukabumi, Halimun menanggapi postingan kuring ku ngece, make > huruf nu teu puguh hartina. Dua kali manehna mngareply postingan kuring siga > kitu (jeung teu kungsi menta maaf, padahal geus ditegor ku Kang Ilen). Ok > lamun kitu mah, kuring oge tukangna ari ngacapruks di millis mah. > > Tah, ayeuna mah geus beres, sabab paling henteu kuring meunang jawaban, > dongeng Halimunan teh sabenerna karangan anyar, nu didasarkeun tina mithos > nu hirup di sabudeureun makam karamat Sunan Rokmat Suci di Garut. Kulantaran > kitu, kuring moal ngareply deui postingan-postingan Halimunan. Mending > nyatritakeun nu sejen deui ..ah! > > Baktos, > WALUYA > > __ > ___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
