Justru Bagus, sanes kelemahan ieumah, ciri teu aya KKN di sunda, khas nu ngabedakeun sunda tinu lianna, oge sikap leuleuy jeung sopan nu ku batur mah jadi bahan dongdolek, saenyanamah modal...nu bisa jadi kakuatan nu gede....ieumah wacana sugan aya nu langkung uninga....model angin we nu ngahiliwir tiasa janten puting beliung, oge laut nu tenang tiasa jadi tsunami....tah kumaha ieu kang engkus.... --- On Wed, 12/29/10, engkus ruswana <[email protected]> wrote:
From: engkus ruswana <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US To: [email protected] Date: Wednesday, December 29, 2010, 3:10 AM Saleresna teu kedah ngadamel partey anyar, rebut bae partey nu aya.... tah dina tos nyepeng jabaran...di tingkat mana bae, naha di pusat, di provisi atanapi tingkat kaupaten/kota...lakukeun KKN nu sifatba etnik, da batur ge kitu, geura tingal dulur ti Batak...mun aya nu boga jabatan, pasti ngorbitkeun dulurna nu sasuku....., hasilna ayeuna di Kemendagri, oge di DKI meh mayoritas pejabat urang Batak,,,,kitu deui di pamarentahan tingkat leuwih handap. Ngan tah di dieu kalemahan urang Sunda mun geus aya di luhur tara mawa atawa promosikeun urang Sunda, pon kitu deui nu di handap, mun aya tokoh urang Sunda berjuang keur naek kaluhur tara dirojong ku urang sunda sorangan. Conto waktu Agum Gumelar calonkeun jadi Gubernur oge Cawapres... pangrojongna minim pisan. Beda jeung seler sejen nu penting ngarojong heula nu saseler.... Jadi salila prinsipna kieu, ulah waka ngalamun boga posisi politik nu luhur. pun tabe ER --- Pada Jum, 17/12/10, [email protected] <[email protected]> menulis: Dari: [email protected] <[email protected]> Judul: Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US Kepada: [email protected] Tanggal: Jumat, 17 Desember, 2010, 8:29 PM Sapagodos kang MH, US the dina dunia pulitik sok gampil kasedekeun, teu kitu ngan ukur dijadikeun hiasan wungkul. US kurang bisa bersaing dina dunia pulitik, ditambah boga pasifatan epes meer, Teu kaopan. Antukna saeutik anu bisa "bertahan". Kiwari salian ti Ginanjar Kartasasmita, asa can meundakan deui figur politisi dina skala nasional. Malahan gubernur anu ayeuna mah rada kurang nyunda. (Hehehe)Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar teyusss.....From: mh <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 17 Dec 2010 20:05:31 +0700To: <[email protected]>ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US 2010/12/17 JeBe <[email protected]> pakait sareng pernyataan abah: no 1-5, teu aya dasar argumentasi nu kuat sumuhun pisan eta mah, sadar pisan sim kuring ge. hapunten sim kuring teu ngalakukeun survey atanapi penelitian nu ilmiah. eta mah sakadar pangalaman kahirupan pribadi tur nu karasa dina kahirupan sim kuring. hapunten bilih kirang merenah, sanes bade nyakompetdaunkeun. seueur nu sae di US oge, mung pan saurna seueur nu gaduh patarosan: NAHA US teu boga panggung di Indonesia. dalah DPRD di Jabar ge seueur non-US. Tenang Kang JB, hehehe, tuh Kang Manar nyerengeh deui. Teu kedah hahapuntenan sagala, maksud uing mah najan teu make survey, cing bere argumen. Patali jeung patarosan "NAHA US teu boga panggung di Indonesia. dalah DPRD di Jabar ge seueur non-US." Uing boga jawaban sementara. Kaayaan US ayeuna jiga nu "gering", boga kahayang tapi teu daek usaha ku cara nu ilahar jeung batur. Geura toong, urang boga kahayang aya US nu jadi presiden, tapi urang teu daek nyieun partey pulitik keur ngudag kahayangna. Naon nu dilakukeun ku US, persis jiga nu digambarkeun dina uga Siliwangi, nu netelakeun cenah engke baris pada nyarambat deui. Nu hartina urang ukur ngadagoan panyambat batur. Nu ngaranna disambat batur, tangtuna he ukur keur batur keueung, moal kungsi kajadian nyambat bari nyanggakeun korsi mahkota. Tah mun hayang jadi presiden, geura nyarieun parpol atuh.
