kahartos pisan ngeunaan bedog eta bahTRL.
mangga dilajeng ku part-part sanesna ngeunaan debus samisal ngagayem 
semprong/bohlam, dikeureut silet, ngabengkokeun beusi ku beuteung jrrd...
 --> JeBe <--




________________________________
From: Tubagus Rifki L <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, December 22, 2010 8:06:49 AM
Subject: [kisunda] Seni ngulinkeun golok part 2

  
Nuluykeun dongeng debus.

Lamun geus meunang eta golok nu alus jeung geus di asah. Lengkah salajengna 
nyaeta 'maut' seuseukeut golok. Ujung seuseukeut golok lamun ditingali make 
'mikroskop elektron' ujung molekulna kudu ngabentuk 'U' ulah 'V.'

Tah eta rahasiana. Lamun bentuk 'V' gampang nembus kana kulit, lamun bentuk 'U' 
rada hese.

Lengkah salajengna latihan. Latihan ieu bisa diibaratkeun pamaen badminton 
nyekel kana raketna. Pamaen debus teu meunang make golok lian salain golok 
cecekelanana. Sabab kudu ngukur kana momentum ayunan golok, lamun keras teuing 
tanaga nu di pake, kulit bisa jebol. 


Tah faktor emosi jeung disiplin latihan penting pisan diteuleuman. Lamun sang 
'Debuser' teu bisa ngontrol emosi, becekok ngadek ngaliwatan batas tanaga 
(momentum) atuh pasti jebolna eta kulit.

Tah kumaha dulur-dulur, sugan rada caang. Yen eta ngan ukur 'trik?'

Maka kula teu kaharti lamun MUI ngaharamkeun.

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.
Tirilik


 


      

Kirim email ke