Cikeneh ngulayaban arsip lawas Parodi Politik Newsdotcom, manggih tayangan episode "Pilkada & Fisika", aya dua demontrasi nu sok dipintonkeun ku tukang akrobat, "meulah batu bata dina awak" jeung "leumpang dina ruhak ruhay". Ieu demontrasi dijelaskeun sacara fisika ku Yohanes Surya, bobotoh Tim Olimpiade Fisika, nu kakoncara mindeng unggul dina olimpiade tingkat dunya.
Jadi kurang leuwih, jiga nu dibeberkeun ku kang TiRiLiK, fenomena akrobatik tetela bisa dijelaskeun sacara ilmiah. Nu ilaharna msyarakat awam sering nganggap hal eta barang mistis. Toong di dieu: http://www.youtube.com/watch?v=FRVhjlZODQo Aya 10 tayangan, tinggal tuturkeun link-na. 2010/12/22 Tubagus Rifki L <[email protected]> > > > Nuluykeun dongeng debus. > > Lamun geus meunang eta golok nu alus jeung geus di asah. Lengkah salajengna > nyaeta 'maut' seuseukeut golok. Ujung seuseukeut golok lamun ditingali make > 'mikroskop elektron' ujung molekulna kudu ngabentuk 'U' ulah 'V.' > > Tah eta rahasiana. Lamun bentuk 'V' gampang nembus kana kulit, lamun bentuk > 'U' rada hese. > > Lengkah salajengna latihan. Latihan ieu bisa diibaratkeun pamaen badminton > nyekel kana raketna. Pamaen debus teu meunang make golok lian salain golok > cecekelanana. Sabab kudu ngukur kana momentum ayunan golok, lamun keras > teuing tanaga nu di pake, kulit bisa jebol. > > Tah faktor emosi jeung disiplin latihan penting pisan diteuleuman. Lamun > sang 'Debuser' teu bisa ngontrol emosi, becekok ngadek ngaliwatan batas > tanaga (momentum) atuh pasti jebolna eta kulit. > > Tah kumaha dulur-dulur, sugan rada caang. Yen eta ngan ukur 'trik?' > > Maka kula teu kaharti lamun MUI ngaharamkeun. > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. > Tirilik > >
