Mang TRL bade tumaros: 1. ari eta memenyanan memeh ngadebus naon fungsina? 2. salila ieu can kungsi ningal nu gagal debus nepi kaluar getih, hebat "zero defect" jadi asa heran lamun masing disiplin kuat tapi tacan aya kajadian tijalikeuh?
nuhun JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rab, 22 Desember, 2010 09:06:49 Judul: [kisunda] Seni ngulinkeun golok part 2 Nuluykeun dongeng debus. Lamun geus meunang eta golok nu alus jeung geus di asah. Lengkah salajengna nyaeta 'maut' seuseukeut golok. Ujung seuseukeut golok lamun ditingali make 'mikroskop elektron' ujung molekulna kudu ngabentuk 'U' ulah 'V.' Tah eta rahasiana. Lamun bentuk 'V' gampang nembus kana kulit, lamun bentuk 'U' rada hese. Lengkah salajengna latihan. Latihan ieu bisa diibaratkeun pamaen badminton nyekel kana raketna. Pamaen debus teu meunang make golok lian salain golok cecekelanana. Sabab kudu ngukur kana momentum ayunan golok, lamun keras teuing tanaga nu di pake, kulit bisa jebol. Tah faktor emosi jeung disiplin latihan penting pisan diteuleuman. Lamun sang 'Debuser' teu bisa ngontrol emosi, becekok ngadek ngaliwatan batas tanaga (momentum) atuh pasti jebolna eta kulit. Tah kumaha dulur-dulur, sugan rada caang. Yen eta ngan ukur 'trik?' Maka kula teu kaharti lamun MUI ngaharamkeun. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. Tirilik
