Menyan atawa beubeuleuman?

1. Ieu masalah genre debus. 'Menyan' ge eta 'trik' jang ngahirupkeun suasana 
mistis, penjelasana aya di BahIm. (Aya panginten nu kabobodo ku jin?!) makana 
diharamkeun ku MUI. Ngan salahna MUI, gancang pisan 'nyakomptedaunkeun.' Biasa 
etama cara berpikir jeung 'trik' salapi  ti Nedjed, Saudi Arabia. Padahal, 
jalmi teu kedah motong 'mastakana' pedah Zinah eta haram. he he punten ah.

2. Seueur nu kantos gagal. Kabeset, tapi penonton teu sadar. Disangkina ngahaja 
ha ha ha pan nambihan 'histeris' ningali getih. Padahal di buri panggung mah 
sayogi betadin.

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
Tirilik ti Banten nu Sunda lain Jawa bisa disebat Jaed.






↑ Grab this Headline Animator


  ----- Original Message ----- 
  From: Jalak Pakuan 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, December 22, 2010 8:15 AM
  Subject: Bls: [kisunda] Seni ngulinkeun golok part 2


    

  Mang TRL bade tumaros:
  1.  ari eta memenyanan memeh ngadebus naon fungsina?
  2. salila ieu can kungsi ningal nu gagal debus nepi kaluar getih, hebat "zero 
defect" jadi asa heran lamun masing disiplin kuat tapi tacan aya kajadian 
tijalikeuh?

  nuhun
  JP


  Makarya Mawa Raharja





------------------------------------------------------------------------------
  Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]>
  Kepada: [email protected]
  Terkirim: Rab, 22 Desember, 2010 09:06:49
  Judul: [kisunda] Seni ngulinkeun golok part 2

    
  Nuluykeun dongeng debus.

  Lamun geus meunang eta golok nu alus jeung geus di asah. Lengkah salajengna 
nyaeta 'maut' seuseukeut golok. Ujung seuseukeut golok lamun ditingali make 
'mikroskop elektron' ujung molekulna kudu ngabentuk 'U' ulah 'V.'

  Tah eta rahasiana. Lamun bentuk 'V' gampang nembus kana kulit, lamun bentuk 
'U' rada hese.

  Lengkah salajengna latihan. Latihan ieu bisa diibaratkeun pamaen badminton 
nyekel kana raketna. Pamaen debus teu meunang make golok lian salain golok 
cecekelanana. Sabab kudu ngukur kana momentum ayunan golok, lamun keras teuing 
tanaga nu di pake, kulit bisa jebol. 

  Tah faktor emosi jeung disiplin latihan penting pisan diteuleuman. Lamun sang 
'Debuser' teu bisa ngontrol emosi, becekok ngadek ngaliwatan batas tanaga 
(momentum) atuh pasti jebolna eta kulit.

  Tah kumaha dulur-dulur, sugan rada caang. Yen eta ngan ukur 'trik?'

  Maka kula teu kaharti lamun MUI ngaharamkeun.

  Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.
  Tirilik






  

<<visitbaduyvillage.1.gif>>

Kirim email ke