bah, kuring ge kungsi maca dina kaskus ngeunaan trik debus ieu. tiasa ditingali di dieu *http://tinyurl.com/2cx8c9s* . seueur nu ngomentaran, diantarana aya nu teu satuju, diantarana nu ieu *http://tinyurl.com/2cx8c9s. *nu jadi panasaran kuring, naha trik debus nu aya dina kaskus teh leres ngarupakeun trik seni debus?
nuhun 2010/12/22 Tubagus Rifki L <[email protected]> > > > Nuluykeun dongeng debus. > > Lamun geus meunang eta golok nu alus jeung geus di asah. Lengkah salajengna > nyaeta 'maut' seuseukeut golok. Ujung seuseukeut golok lamun ditingali make > 'mikroskop elektron' ujung molekulna kudu ngabentuk 'U' ulah 'V.' > > Tah eta rahasiana. Lamun bentuk 'V' gampang nembus kana kulit, lamun bentuk > 'U' rada hese. > > Lengkah salajengna latihan. Latihan ieu bisa diibaratkeun pamaen badminton > nyekel kana raketna. Pamaen debus teu meunang make golok lian salain golok > cecekelanana. Sabab kudu ngukur kana momentum ayunan golok, lamun keras > teuing tanaga nu di pake, kulit bisa jebol. > > Tah faktor emosi jeung disiplin latihan penting pisan diteuleuman. Lamun > sang 'Debuser' teu bisa ngontrol emosi, becekok ngadek ngaliwatan batas > tanaga (momentum) atuh pasti jebolna eta kulit. > > Tah kumaha dulur-dulur, sugan rada caang. Yen eta ngan ukur 'trik?' > > Maka kula teu kaharti lamun MUI ngaharamkeun. > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. > Tirilik > > __._,_. > ._,___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
