Kahatur para wargi kisunda sadaya, Assalamu 'alaikum wr wb. Hapunten pami kirang utami, bade nyuhunkeun pidu'a ti para wargi wirehing pun anak dinten ieu ngantunkeun waktos dibabarkeun di Royal Hospital for Women Sydney. Kakasihna: Kennisha Cipta Ishwari Indra kelana (Kenny).
Utamina mugi pun anak sing diperenahkeun di sisi manten-Na, sareng abdi sakulawargi dipasihan kasabaran ngarandapan ieu cocobi. Oge nyuhunkeun sih hapunten tina samudaya kalepatan. Hatur nuhun, salam, Deni
