KO, Kang Kumi manawi aya fotona saena mah dtampilkeun. hatur nuhun JP Makarya Mawa Raharja
________________________________ Dari: oman abdurahman <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 28 Desember, 2010 00:48:37 Judul: [kisunda] Abah Surya, panineungan (1) Baraya, Nalika ieu milist dilahirkeun nepi ka taun 2-3 taun saterusna, abah Surya kungsi aktif di ieu milist. Malah nya anjeunna pisan anu minangka nyusuan ieu milist mangsa keur "orok"-na. Kukituna, munasabah lamun urang ngayakeun panineungan pikeun pangemut-ngemut ka anjeunna anu ayeuna parantos ngantungkeun urang sadaya. Ka sugri sadaya, saha wae anu gaduh panineungan ka anjeunna, mangga dihaturanan nyerat dina ieu rohangan. Minangka panineungan kahiji, kahaturkeun Abah Surya sakumaha ceuk wikipedia basa Sunda di handap ieu: # H. R. Hidayat Suryalaga atawa Abah Surya namatkeun atikan SR (1954), SGA (1961), FKIP nepi ka Tk. III (1964), FS Unpad (1986). Dina hal pacabakan, Abah Surya kungsi jadi guru SR/SD (1958-66), guru SMP (1966-78), guru SGA (1978-80), guru SMA (1980-1984), dosén FS Unpad (1986-98), sarta dosén Unpas (1992-2001) Abah Surya produktif dina ngahasilkeun karya tulis. Karya fiksi anu réa ditulis ku manéhna nyaéta naskah drama Sunda, saloba 36 judul. Kabéhanana geus dipintonkeun, malah mah diantarana aya anu geus sababaraha kali dipintonkeunana hususna ku Teater Kiwari – anu diadegkeun ku manéhna dina taun 1970-an. Sajaba ti naskah drama, manéhna ogé nulis naskah gending karesmén, sarta guguritan jeung sajak. Dina widang basa, Abah Surya nulis buku bahan ajaran pikeun Sekolah Menengah Pertama (SMP). Aya ogé bukuna anu eusina bahan ajaran saperti Étika sarta Tatakrama (1994), Wulang Krama (5 jilid, 1994), Gending Karesmen & Dramaturgi (1995), Kiat Menjadi MC Upacara Adat Sunda (1996), Rinéka Budaya Sunda I (a., 1997), jeung Wawacan Lutung Kasarung (1984). Abah Surya ogé ngahasilkeun karya Nur Hidayah, nyaeta Saritilawah Al Quran Basa Sunda dina Wangun Pupuh (1981-1998) anu dipigawé salila 15 taun.Abah Surya ogé aktif dina kaorganisasian, diantarana nyaéta: Rédaktur Kalawarta Kudjang (1966-78), Pupuhu YAS (1996-98), Pupuhu Daya Sunda (1994-), Pangurus LBSS (2000-2005), pangadeg/panaséhat Téater Sunda Kiwari (1975-), Panaséhat Yayasan Nur Hidayah (1992-), Pupuhu Lembaga Kabudayaan Unpas (1992-2000), Staf Ahli Kabudayaan Unpas (2000-4), Pangurus Yayasan Daya Budaya Pasundan (2001-04), Panaséhat Padépokan Penca Daya Sunda sarta Damas, anggota Bandoeng Tempoe Doeloe.# sumber: http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga (sigana ieu karya kang Kumi nya? hatur nuhun) Cag, manar
