Tah aya arsip 2005, foto bareng Abah Surya sareng Kang Oman. Nu di tengah mah teuing saha, teu wawuh. Buku Nurhidayah tea, dipajang payuneun Abah Surya
2010/12/28 Jalak Pakuan <[email protected]> > > > KO, Kang Kumi manawi aya fotona saena mah dtampilkeun. > > hatur nuhun > JP > > Makarya Mawa Raharja > > > ------------------------------ > *Dari:* oman abdurahman <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Terkirim:* Sel, 28 Desember, 2010 00:48:37 > *Judul:* [kisunda] Abah Surya, panineungan (1) > > > > Baraya, > > Nalika ieu milist dilahirkeun nepi ka taun 2-3 taun saterusna, abah Surya > kungsi aktif di ieu milist. Malah nya anjeunna pisan anu minangka nyusuan > ieu milist mangsa keur "orok"-na. Kukituna, munasabah lamun urang ngayakeun > panineungan pikeun pangemut-ngemut ka anjeunna anu ayeuna parantos > ngantungkeun urang sadaya. > > Ka sugri sadaya, saha wae anu gaduh panineungan ka anjeunna, mangga > dihaturanan nyerat dina ieu rohangan. Minangka panineungan kahiji, > kahaturkeun Abah Surya sakumaha ceuk wikipedia basa Sunda di handap ieu: > > # *H. R. Hidayat Suryalaga* atawa *Abah Surya* namatkeun atikan SR (1954), > SGA (1961), FKIP nepi ka Tk. III (1964), FS Unpad (1986). > > Dina hal pacabakan, Abah Surya kungsi jadi guru SR/SD (1958-66), guru SMP > (1966-78), guru SGA (1978-80), guru SMA (1980-1984), dosén FS Unpad > (1986-98), sarta dosén Unpas (1992-2001) > > Abah Surya produktif dina ngahasilkeun karya tulis. Karya fiksi anu réa > ditulis ku manéhna nyaéta naskah drama Sunda, saloba 36 judul. Kabéhanana > geus dipintonkeun, malah mah diantarana aya anu geus sababaraha kali > dipintonkeunana hususna ku Teater Kiwari – anu diadegkeun ku manéhna dina > taun 1970-an. > > Sajaba ti naskah drama, manéhna ogé nulis naskah gending karesmén, sarta > guguritan<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Guguritan&action=edit&redlink=1>jeung > sajak. Dina widang basa, Abah Surya nulis buku bahan ajaran pikeun > Sekolah Menengah Pertama (SMP). Aya ogé bukuna anu eusina bahan ajaran > saperti Étika sarta Tatakrama (1994), Wulang Krama (5 jilid, 1994), Gending > Karesmen & Dramaturgi (1995), Kiat Menjadi MC Upacara Adat Sunda (1996), > Rinéka Budaya Sunda I (a., 1997), jeung Wawacan Lutung Kasarung (1984). > > Abah Surya ogé ngahasilkeun karya Nur Hidayah, nyaeta Saritilawah Al > Quran<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Al_Quran&action=edit&redlink=1>Basa > Sunda dina Wangun Pupuh (1981-1998) anu dipigawé salila 15 taun. > Abah Surya ogé aktif dina kaorganisasian, diantarana nyaéta: Rédaktur > Kalawarta Kudjang (1966-78), Pupuhu YAS (1996-98), Pupuhu Daya Sunda > (1994-), Pangurus LBSS (2000-2005), pangadeg/panaséhat Téater Sunda Kiwari > (1975-), Panaséhat Yayasan Nur Hidayah (1992-), Pupuhu Lembaga Kabudayaan > Unpas <http://su.wikipedia.org/wiki/Universitas_Pasundan> (1992-2000), > Staf Ahli Kabudayaan > Unpas<http://su.wikipedia.org/wiki/Universitas_Pasundan>(2000-4), Pangurus > Yayasan Daya Budaya Pasundan (2001-04), Panaséhat > Padépokan Penca Daya Sunda sarta Damas, anggota Bandoeng Tempoe Doeloe.# > > sumber: > > http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga > > (sigana ieu karya kang Kumi nya? hatur nuhun) > <http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga> > > > <http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga> > > Cag, > manar > > >
