Hatur nuhun kintunan fotona. Jelas tah ti kenca ka katuhu: Kang Oman Abdurrahman, Sultan Muda al Asgari, alm Abah Surya.
Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: mh <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 28 Desember, 2010 23:44:20 Judul: Re: [kisunda] Abah Surya, panineungan (1) [1 Attachment] [Attachment(s) from mh included below] Tah aya arsip 2005, foto bareng Abah Surya sareng Kang Oman. Nu di tengah mah teuing saha, teu wawuh. Buku Nurhidayah tea, dipajang payuneun Abah Surya 2010/12/28 Jalak Pakuan <[email protected]> >KO, Kang Kumi manawi aya fotona saena mah dtampilkeun. > >hatur nuhun >JP > >Makarya Mawa Raharja > > > > > ________________________________ Dari: oman abdurahman <[email protected]> >Kepada: [email protected] >Terkirim: Sel, 28 Desember, 2010 00:48:37 >Judul: [kisunda] Abah Surya, panineungan (1) > > > >Baraya, >Nalika ieu milist dilahirkeun nepi ka taun 2-3 taun saterusna, abah Surya >kungsi >aktif di ieu milist. Malah nya anjeunna pisan anu minangka nyusuan ieu milist >mangsa keur "orok"-na. Kukituna, munasabah lamun urang ngayakeun panineungan >pikeun pangemut-ngemut ka anjeunna anu ayeuna parantos ngantungkeun urang >sadaya. > > >Ka sugri sadaya, saha wae anu gaduh panineungan ka anjeunna, mangga >dihaturanan >nyerat dina ieu rohangan. Minangka panineungan kahiji, kahaturkeun Abah Surya >sakumaha ceuk wikipedia basa Sunda di handap ieu: > ># H. R. Hidayat Suryalaga atawa Abah Surya namatkeun atikan SR (1954), SGA >(1961), FKIP nepi ka Tk. III (1964), FS Unpad (1986). >Dina hal pacabakan, Abah Surya kungsi jadi guru SR/SD (1958-66), guru SMP >(1966-78), guru SGA (1978-80), guru SMA (1980-1984), dosén FS Unpad (1986-98), >sarta dosén Unpas (1992-2001) >Abah Surya produktif dina ngahasilkeun karya tulis. Karya fiksi anu réa >ditulis >ku manéhna nyaéta naskah drama Sunda, saloba 36 judul. Kabéhanana geus >dipintonkeun, malah mah diantarana aya anu geus sababaraha kali >dipintonkeunana >hususna ku Teater Kiwari – anu diadegkeun ku manéhna dina taun 1970-an. >Sajaba ti naskah drama, manéhna ogé nulis naskah gending karesmén, sarta >guguritan jeung sajak. Dina widang basa, Abah Surya nulis buku bahan ajaran >pikeun Sekolah Menengah Pertama (SMP). Aya ogé bukuna anu eusina bahan ajaran >saperti Étika sarta Tatakrama (1994), Wulang Krama (5 jilid, 1994), Gending >Karesmen & Dramaturgi (1995), Kiat Menjadi MC Upacara Adat Sunda (1996), >Rinéka >Budaya Sunda I (a., 1997), jeung Wawacan Lutung Kasarung (1984). >Abah Surya ogé ngahasilkeun karya Nur Hidayah, nyaeta Saritilawah Al Quran >Basa >Sunda dina Wangun Pupuh (1981-1998) anu dipigawé salila 15 taun.Abah Surya ogé >aktif dina kaorganisasian, diantarana nyaéta: Rédaktur Kalawarta Kudjang >(1966-78), Pupuhu YAS (1996-98), Pupuhu Daya Sunda (1994-), Pangurus LBSS >(2000-2005), pangadeg/panaséhat Téater Sunda Kiwari (1975-), Panaséhat Yayasan >Nur Hidayah (1992-), Pupuhu Lembaga Kabudayaan Unpas (1992-2000), Staf Ahli >Kabudayaan Unpas (2000-4), Pangurus Yayasan Daya Budaya Pasundan (2001-04), >Panaséhat Padépokan Penca Daya Sunda sarta Damas, anggota Bandoeng Tempoe >Doeloe.# > >sumber: >http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga > >(sigana ieu karya kang Kumi nya? hatur nuhun) > > > >Cag, >manar > >
