Artikel abah Surya ieu dikawitan 5 Mei 2008 ku pamake wikipedia kalayan asma 
Hadiyana. Saterasna dipasieup ku pamake sakaligus kuncen kalayan asma 
Mssetiadi. Oge teu kakantun anu ngageulisan ieu artikel teh kang Kumi salaku 
kuncen sareng bos kuncen. Tah ieu jujutan editingna. 

(kiw | ahir)  08:35, 15 Januari 2009 Kandar (Obrolan | kontribusi) s (2.344 
bait) (bolaykeun)(kiw | ahir)  05:45, 6 Méi 
2008 Mssetiadi (Obrolan | kontribusi) s (2.406 
bait) (bolaykeun)(kiw | ahir)  05:42, 6 Méi 
2008 Mssetiadi (Obrolan | kontribusi) s (2.393 
bait) (bolaykeun)(kiw | ahir)  07:44, 5 Méi 
2008 Hadiyana (Obrolan | kontribusi) s (2.380 
bait) (bolaykeun)(kiw | ahir)  07:40, 5 Méi 
2008 Hadiyana (Obrolan | kontribusi) s (2.361 bait) (bolaykeun)(kiw | 
ahir)  01:59, 5 Méi 2008 Hadiyana (Obrolan | kontribusi) (2.400 bait) (Kaca 
anyar: {{Seniman Sunda | ngaran = . H. R. Hidayat Suryalaga | ngaranlahir = R. 
Hidayat Suryalaga | gambar = Gambar:HidayatSuryalaga.jpg | katerangan = | 
tanggal lahir = 16 Ja...)




--- On Tue, 12/28/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote:

From: oman abdurahman <[email protected]>
Subject: [kisunda] Abah Surya, panineungan (1)
To: [email protected]
Date: Tuesday, December 28, 2010, 3:48 AM















 
 



  


    
      
      
      

Baraya,Nalika ieu milist dilahirkeun nepi ka taun 2-3 taun saterusna, abah 
Surya kungsi aktif di ieu milist. Malah nya anjeunna pisan anu minangka nyusuan 
ieu milist mangsa keur "orok"-na. Kukituna, munasabah lamun urang ngayakeun 
panineungan pikeun pangemut-ngemut ka anjeunna anu ayeuna parantos ngantungkeun 
urang sadaya. 

Ka sugri sadaya, saha wae anu gaduh panineungan ka anjeunna, mangga dihaturanan 
nyerat dina ieu rohangan. Minangka panineungan kahiji, kahaturkeun Abah Surya 
sakumaha ceuk wikipedia basa Sunda di handap ieu:

# H. R. Hidayat Suryalaga atawa Abah Surya namatkeun atikan SR
(1954), SGA (1961), FKIP nepi ka Tk. III (1964), FS Unpad (1986).

Dina hal pacabakan, Abah Surya kungsi jadi guru SR/SD (1958-66), guru SMP
(1966-78), guru SGA (1978-80), guru SMA (1980-1984), dosén FS Unpad (1986-98),
sarta dosén Unpas (1992-2001)

Abah Surya produktif dina ngahasilkeun karya tulis. Karya fiksi anu réa
ditulis ku manéhna nyaéta naskah drama Sunda, saloba 36 judul. Kabéhanana geus
dipintonkeun, malah mah diantarana aya anu geus sababaraha kali dipintonkeunana
hususna ku Teater Kiwari – anu diadegkeun ku manéhna dina taun 1970-an.

Sajaba ti naskah drama, manéhna ogé nulis naskah gending karesmén, sarta 
guguritan jeung sajak. Dina widang basa,
Abah Surya nulis buku bahan ajaran pikeun Sekolah Menengah Pertama (SMP). Aya
ogé bukuna anu eusina bahan ajaran saperti Étika sarta Tatakrama (1994), Wulang
Krama (5 jilid, 1994), Gending Karesmen & Dramaturgi (1995), Kiat Menjadi
MC Upacara Adat Sunda (1996), Rinéka Budaya Sunda I (a., 1997), jeung Wawacan
Lutung Kasarung (1984).

Abah Surya ogé ngahasilkeun karya Nur Hidayah, nyaeta Saritilawah Al Quran Basa 
Sunda dina Wangun Pupuh
(1981-1998) anu dipigawé salila 15 taun.

Abah Surya ogé aktif dina kaorganisasian, diantarana nyaéta: Rédaktur
Kalawarta Kudjang (1966-78), Pupuhu YAS (1996-98), Pupuhu Daya Sunda (1994-),
Pangurus LBSS (2000-2005), pangadeg/panaséhat Téater Sunda Kiwari (1975-),
Panaséhat Yayasan Nur Hidayah (1992-), Pupuhu Lembaga Kabudayaan Unpas 
(1992-2000), Staf Ahli Kabudayaan Unpas (2000-4), Pangurus Yayasan Daya Budaya
Pasundan (2001-04), Panaséhat Padépokan Penca Daya Sunda sarta Damas, anggota
Bandoeng Tempoe Doeloe.#

sumber: 

http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga

(sigana ieu karya kang Kumi nya? hatur nuhun)
 




Cag,
manar



    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke