Baraya,

Nalika ieu milist dilahirkeun nepi ka taun 2-3 taun saterusna, abah Surya
kungsi aktif di ieu milist. Malah nya anjeunna pisan anu minangka nyusuan
ieu milist mangsa keur "orok"-na. Kukituna, munasabah lamun urang ngayakeun
panineungan pikeun pangemut-ngemut ka anjeunna anu ayeuna parantos
ngantungkeun urang sadaya.

Ka sugri sadaya, saha wae anu gaduh panineungan ka anjeunna, mangga
dihaturanan nyerat dina ieu rohangan. Minangka panineungan kahiji,
kahaturkeun Abah Surya sakumaha ceuk wikipedia basa Sunda di handap ieu:

# *H. R. Hidayat Suryalaga* atawa *Abah Surya* namatkeun atikan SR (1954),
SGA (1961), FKIP nepi ka Tk. III (1964), FS Unpad (1986).

Dina hal pacabakan, Abah Surya kungsi jadi guru SR/SD (1958-66), guru SMP
(1966-78), guru SGA (1978-80), guru SMA (1980-1984), dosén FS Unpad
(1986-98), sarta dosén Unpas (1992-2001)

Abah Surya produktif dina ngahasilkeun karya tulis. Karya fiksi anu réa
ditulis ku manéhna nyaéta naskah drama Sunda, saloba 36 judul. Kabéhanana
geus dipintonkeun, malah mah diantarana aya anu geus sababaraha kali
dipintonkeunana hususna ku Teater Kiwari – anu diadegkeun ku manéhna dina
taun 1970-an.

Sajaba ti naskah drama, manéhna ogé nulis naskah gending karesmén, sarta
guguritan<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Guguritan&action=edit&redlink=1>jeung
sajak. Dina widang basa, Abah Surya nulis buku bahan ajaran pikeun
Sekolah Menengah Pertama (SMP). Aya ogé bukuna anu eusina bahan ajaran
saperti Étika sarta Tatakrama (1994), Wulang Krama (5 jilid, 1994), Gending
Karesmen & Dramaturgi (1995), Kiat Menjadi MC Upacara Adat Sunda (1996),
Rinéka Budaya Sunda I (a., 1997), jeung Wawacan Lutung Kasarung (1984).

Abah Surya ogé ngahasilkeun karya Nur Hidayah, nyaeta Saritilawah Al
Quran<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Al_Quran&action=edit&redlink=1>Basa
Sunda dina Wangun Pupuh (1981-1998) anu dipigawé salila 15 taun.
Abah Surya ogé aktif dina kaorganisasian, diantarana nyaéta: Rédaktur
Kalawarta Kudjang (1966-78), Pupuhu YAS (1996-98), Pupuhu Daya Sunda
(1994-), Pangurus LBSS (2000-2005), pangadeg/panaséhat Téater Sunda Kiwari
(1975-), Panaséhat Yayasan Nur Hidayah (1992-), Pupuhu Lembaga Kabudayaan
Unpas <http://su.wikipedia.org/wiki/Universitas_Pasundan> (1992-2000), Staf
Ahli Kabudayaan Unpas
<http://su.wikipedia.org/wiki/Universitas_Pasundan>(2000-4), Pangurus
Yayasan Daya Budaya Pasundan (2001-04), Panaséhat
Padépokan Penca Daya Sunda sarta Damas, anggota Bandoeng Tempoe Doeloe.#

sumber:

http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga

(sigana ieu karya kang Kumi nya? hatur nuhun)
 <http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga>


<http://su.wikipedia.org/wiki/Hidayat_Suryalaga>

Cag,
manar

Kirim email ke