Cenah sakeudeung deui bengsin subsidi nu sok disebut Premium, teu meunang
dibeuli ku mobil pelat hideung. Mobil pribadi dipaksa kudu meuli Petramax,
Petramax Plus atawa bengsin nu aya di POM bengsin boga pausahaan asing. Harga
Pertamax lumayan mahal, komo ayeuna mah, lamun teu salah Rp. 7500 per literna.
Beda Rp. 3000 dibandingkeun jeung Premium subsidi nu "ngan" 4,500 perak.
Kuring salah saurang nu satuju lamun subsidi BBM teh dikurangan atawa
dieuweuhkeun, sabab subsidi BBM sabenerna leuwih loba murag ka jelema nu aya
tinimbang ka rakyat miskin. Ngan nu kuring hanjelu kunaon pamarentah teh bet
maksa kudu meuli Petramax nu leuwih mahal? Naha lain nyadiakeun Premium nu teu
disubsidi wae? Meureun hargana moal samahal Petramax. Ceuk cenah mah paling
mahal oge Rp. 6500.-/ liter. Bandingkeun jeung Petramax nu bisa-bisa jadi Rp.
9000/ liter.
Mobil plat hideung, sanajan disebutna mobil pribadi, tapi loba oge nu dipake
keur kagiatan ekonomi masyarakat. Contona mobil angkut barang nu laleutik,
mobil antar-jemput barudak sakola malah aya oge nu dipake angkutan umum
kulantaran teu aya trayek angkutan umum anu resmi. Teu adil oge, lamun
mobil-mobil kieu "dipaksa" kudu make Petramax, padahal fungsina sarua keur
publik.
Kuduna mah, para bapa/ ibu gegeden teh sakali-sakali mah "turba" ka masyarakat,
ngarah nyaho, masayrakat nu make mobil plat hideung teh teu kabeh jalma jegug,
kandel sakuna!
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/