Heueuh, ari kituna tea mah teu arengeuh, kumaha carana ngayakeun bengsin/bbm, kuduna mah teu meunang atuh ngajual bbm di nagara sorangan kudu mahal, moal maju2 urang mah, tah ayeuna ku kuring dibejaan, kuduna nyieun kilang sing loba nu jiga balongan, indramayu, .................tomi suharto ge baheula nyieun kilang eta meunang putra-putra bangsa, teu ..henteu mahal, cing atuh nyieun deui , jadi bbm bisa leuwih murah, mun hayang ngajual mahal , jual ka malaysia, atawa rebut pasar tatangga.
________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Mon, January 3, 2011 1:07:36 PM Subject: [kisunda] Naha Kudu Petramax? Cenah sakeudeung deui bengsin subsidi nu sok disebut Premium, teu meunang dibeuli ku mobil pelat hideung. Mobil pribadi dipaksa kudu meuli Petramax, Petramax Plus atawa bengsin nu aya di POM bengsin boga pausahaan asing. Harga Pertamax lumayan mahal, komo ayeuna mah, lamun teu salah Rp. 7500 per literna. Beda Rp. 3000 dibandingkeun jeung Premium subsidi nu "ngan" 4,500 perak. Kuring salah saurang nu satuju lamun subsidi BBM teh dikurangan atawa dieuweuhkeun, sabab subsidi BBM sabenerna leuwih loba murag ka jelema nu aya tinimbang ka rakyat miskin. Ngan nu kuring hanjelu kunaon pamarentah teh bet maksa kudu meuli Petramax nu leuwih mahal? Naha lain nyadiakeun Premium nu teu disubsidi wae? Meureun hargana moal samahal Petramax. Ceuk cenah mah paling mahal oge Rp. 6500.-/ liter. Bandingkeun jeung Petramax nu bisa-bisa jadi Rp. 9000/ liter. Mobil plat hideung, sanajan disebutna mobil pribadi, tapi loba oge nu dipake keur kagiatan ekonomi masyarakat. Contona mobil angkut barang nu laleutik, mobil antar-jemput barudak sakola malah aya oge nu dipake angkutan umum kulantaran teu aya trayek angkutan umum anu resmi. Teu adil oge, lamun mobil-mobil kieu "dipaksa" kudu make Petramax, padahal fungsina sarua keur publik. Kuduna mah, para bapa/ ibu gegeden teh sakali-sakali mah "turba" ka masyarakat, ngarah nyaho, masayrakat nu make mobil plat hideung teh teu kabeh jalma jegug, kandel sakuna! Baktos, WALUYA
