kitu tah bah Willy mun oknum nagara maen itung2an. kurangan subsidi, tambah pasokan jrrd. luyu jeung saran ti nu mere nginjeum duit. hutang nagara urg geus di alas ku nu boga gadean.
2011/1/3 Waluya <[email protected]> > > > Cenah sakeudeung deui bengsin subsidi nu sok disebut Premium, teu meunang > dibeuli ku mobil pelat hideung. Mobil pribadi dipaksa kudu meuli Petramax, > Petramax Plus atawa bengsin nu aya di POM bengsin boga pausahaan asing. > Harga Pertamax lumayan mahal, komo ayeuna mah, lamun teu salah Rp. 7500 per > literna. Beda Rp. 3000 dibandingkeun jeung Premium subsidi nu "ngan" 4,500 > perak. > > Kuring salah saurang nu satuju lamun subsidi BBM teh dikurangan atawa > dieuweuhkeun, sabab subsidi BBM sabenerna leuwih loba murag ka jelema nu aya > tinimbang ka rakyat miskin. Ngan nu kuring hanjelu kunaon pamarentah teh bet > maksa kudu meuli Petramax nu leuwih mahal? Naha lain nyadiakeun Premium nu > teu disubsidi wae? Meureun hargana moal samahal Petramax. Ceuk cenah mah > paling mahal oge Rp. 6500.-/ liter. Bandingkeun jeung Petramax nu bisa-bisa > jadi Rp. 9000/ liter. > > Mobil plat hideung, sanajan disebutna mobil pribadi, tapi loba oge nu > dipake keur kagiatan ekonomi masyarakat. Contona mobil angkut barang nu > laleutik, mobil antar-jemput barudak sakola malah aya oge nu dipake angkutan > umum kulantaran teu aya trayek angkutan umum anu resmi. Teu adil oge, lamun > mobil-mobil kieu "dipaksa" kudu make Petramax, padahal fungsina sarua keur > publik. > > Kuduna mah, para bapa/ ibu gegeden teh sakali-sakali mah "turba" ka > masyarakat, ngarah nyaho, masayrakat nu make mobil plat hideung teh teu > kabeh jalma jegug, kandel sakuna! > > Baktos, > WALUYA > > >
