Tadi pirbados googling milarian kecap petramax, weleh teu kapendak naon atuh 
petramax teh. Pendak-pendak sotek kecap pertamax. Maksad bah Waluya teh jigana 
mah pertamax, nya?
Enya matak aneh ieu kawijakan teh. Lamun enya teh ieu kawijakan diterapkeun 
tangtuna bakal ngakibatkeun inflasi nu luhur dina taun 2011. Tungtungna rakyat 
deui nu bakal balangsax. Sugan atuh Pamarentah robah pikiran (ngarep dot com).




--- On Mon, 1/3/11, Waluya <[email protected]> wrote:

From: Waluya <[email protected]>
Subject: [kisunda] Naha Kudu Petramax?
To: [email protected]
Date: Monday, January 3, 2011, 1:07 AM















 
 



  


    
      
      
      Cenah sakeudeung deui bengsin subsidi nu sok disebut Premium, teu meunang 
dibeuli ku mobil pelat hideung. Mobil pribadi dipaksa kudu meuli Petramax, 
Petramax Plus atawa bengsin nu aya di POM bengsin boga pausahaan asing. Harga 
Pertamax lumayan mahal, komo ayeuna mah, lamun teu salah Rp. 7500 per literna. 
Beda Rp. 3000 dibandingkeun jeung Premium subsidi nu "ngan" 4,500 perak.



Kuring salah saurang nu satuju lamun subsidi BBM teh dikurangan atawa 
dieuweuhkeun, sabab subsidi BBM sabenerna leuwih loba murag ka jelema nu aya 
tinimbang ka rakyat miskin. Ngan nu kuring hanjelu kunaon pamarentah teh bet 
maksa kudu meuli Petramax nu leuwih mahal? Naha lain nyadiakeun Premium nu teu 
disubsidi wae? Meureun hargana moal samahal Petramax. Ceuk cenah mah paling 
mahal oge Rp. 6500.-/ liter. Bandingkeun jeung Petramax nu bisa-bisa jadi Rp. 
9000/ liter.



Mobil plat hideung, sanajan disebutna mobil pribadi, tapi loba oge nu dipake 
keur kagiatan ekonomi masyarakat. Contona mobil angkut barang nu laleutik, 
mobil antar-jemput barudak sakola malah aya oge nu dipake angkutan umum 
kulantaran teu aya trayek angkutan umum anu resmi. Teu adil oge, lamun 
mobil-mobil kieu "dipaksa" kudu make Petramax, padahal  fungsina sarua keur 
publik.



Kuduna mah, para bapa/ ibu gegeden teh sakali-sakali mah "turba" ka masyarakat, 
ngarah nyaho, masayrakat nu make mobil plat hideung teh teu kabeh jalma jegug, 
kandel sakuna!



Baktos,

WALUYA





    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke