Hehehe, jadi riweuh nya. Atuh meureun jadi kieu:
- Aya barang publik, nu haram dibeuli publik
- Aya barang publik, nu wajib dibeuli publik

2011/1/3 Aschev Schuraschev <[email protected]>

>
>
> Tadi pirbados googling milarian kecap petramax, weleh teu kapendak naon
> atuh petramax teh. Pendak-pendak sotek kecap pertamax. Maksad bah Waluya teh
> jigana mah pertamax, nya?
>
> Enya matak aneh ieu kawijakan teh. Lamun enya teh ieu kawijakan diterapkeun
> tangtuna bakal ngakibatkeun inflasi nu luhur dina taun 2011. Tungtungna
> rakyat deui nu bakal balangsax. Sugan atuh Pamarentah robah pikiran (ngarep
> dot com).
>
>
>
>
> --- On *Mon, 1/3/11, Waluya <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Waluya <[email protected]>
> Subject: [kisunda] Naha Kudu Petramax?
> To: [email protected]
> Date: Monday, January 3, 2011, 1:07 AM
>
>
>
> Cenah sakeudeung deui bengsin subsidi nu sok disebut Premium, teu meunang
> dibeuli ku mobil pelat hideung. Mobil pribadi dipaksa kudu meuli Petramax,
> Petramax Plus atawa bengsin nu aya di POM bengsin boga pausahaan asing.
> Harga Pertamax lumayan mahal, komo ayeuna mah, lamun teu salah Rp. 7500 per
> literna. Beda Rp. 3000 dibandingkeun jeung Premium subsidi nu "ngan" 4,500
> perak.
>
> Kuring salah saurang nu satuju lamun subsidi BBM teh dikurangan atawa
> dieuweuhkeun, sabab subsidi BBM sabenerna leuwih loba murag ka jelema nu aya
> tinimbang ka rakyat miskin. Ngan nu kuring hanjelu kunaon pamarentah teh bet
> maksa kudu meuli Petramax nu leuwih mahal? Naha lain nyadiakeun Premium nu
> teu disubsidi wae? Meureun hargana moal samahal Petramax. Ceuk cenah mah
> paling mahal oge Rp. 6500.-/ liter. Bandingkeun jeung Petramax nu bisa-bisa
> jadi Rp. 9000/ liter.
>
> Mobil plat hideung, sanajan disebutna mobil pribadi, tapi loba oge nu
> dipake keur kagiatan ekonomi masyarakat. Contona mobil angkut barang nu
> laleutik, mobil antar-jemput barudak sakola malah aya oge nu dipake angkutan
> umum kulantaran teu aya trayek angkutan umum anu resmi. Teu adil oge, lamun
> mobil-mobil kieu "dipaksa" kudu make Petramax, padahal fungsina sarua keur
> publik.
>
> Kuduna mah, para bapa/ ibu gegeden teh sakali-sakali mah "turba" ka
> masyarakat, ngarah nyaho, masayrakat nu make mobil plat hideung teh teu
> kabeh jalma jegug, kandel sakuna!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>

Kirim email ke