sok atuh bejaan, ari di milis kudu ngingkig nanya ka tukang urut penca mah,
atuh iraha ngadongengna.
nu kainget we heulageura, paling henteu nu uing apal: bincurang,
mumuncangan, walikat, tulang iga, jsb.

bincurang, si enjang balad uing tukang ngangon munding, bincurangna teh
herang balas kapoe, kaibun unggal poe. eta bincurang herang teh matih pisan,
mun usum maenbal antar kampung. lamun si enjang geus nyuruntul ngudag bal
paamprok jeung si maman lawanna, ana jebred teh barung duanan ting
perengkel, ingkud-ingkudan. tayohna mah bal ngagulitik kamana, nu diadu
kalah dua bincurang herang. hehehe.

2011/1/9 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> ngaran otot jeung tulang/tankorak oge aya istilah sundana, tanya we ka
> tukang urut penca, cimande.jsbna diparake keneh.
>
> 2011/1/7 mh <[email protected]>
>
>
>>
>> Aya dokter teu nya di ieu milis?
>> Mun dokter tugas di pilemburan, kira-kirana mun nyebut ngaran panyakit
>> make Sunda atawa Indonesia nya?
>>
>> Cing urang cobaan, naon wae ngaran panyakit nu aya istilah Sundana.
>>
>> nyeri panon
>> belekan
>> bolor
>> lolong
>> nongtot leho
>> olol
>> nyeri ceuli
>> dole
>> nongtot bool
>> rorombeheun
>>
>> Pek tarambahan, naon deui nya
>>
>>
>

Kirim email ke