bah ali tos nyusun *kamus awak manusa* nembe kl 70%

2011/1/9 mh <[email protected]>

>
>
> sok atuh bejaan, ari di milis kudu ngingkig nanya ka tukang urut penca mah,
> atuh iraha ngadongengna.
> nu kainget we heulageura, paling henteu nu uing apal: bincurang,
> mumuncangan, walikat, tulang iga, jsb.
>
> bincurang, si enjang balad uing tukang ngangon munding, bincurangna teh
> herang balas kapoe, kaibun unggal poe. eta bincurang herang teh matih pisan,
> mun usum maenbal antar kampung. lamun si enjang geus nyuruntul ngudag bal
> paamprok jeung si maman lawanna, ana jebred teh barung duanan ting
> perengkel, ingkud-ingkudan. tayohna mah bal ngagulitik kamana, nu diadu
> kalah dua bincurang herang. hehehe.
>
> 2011/1/9 Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>
>
>>
>> ngaran otot jeung tulang/tankorak oge aya istilah sundana, tanya we ka
>> tukang urut penca, cimande.jsbna diparake keneh.
>>
>> 2011/1/7 mh <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> Aya dokter teu nya di ieu milis?
>>> Mun dokter tugas di pilemburan, kira-kirana mun nyebut ngaran panyakit
>>> make Sunda atawa Indonesia nya?
>>>
>>> Cing urang cobaan, naon wae ngaran panyakit nu aya istilah Sundana.
>>>
>>> nyeri panon
>>> belekan
>>> bolor
>>> lolong
>>> nongtot leho
>>> olol
>>> nyeri ceuli
>>> dole
>>> nongtot bool
>>> rorombeheun
>>>
>>> Pek tarambahan, naon deui nya
>>>
>>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke