Mang Oman, kuring ge mindeng ngadenge soal Bandung barometer teh. Tapi, sababaraha waktu ka tukang kuring kabeneran ngeusi pelatihan di kompleks Polda Jatim. Ceuk nu di dinya, cenah Surabaya teh barometer nasional. Lamun di Surabaya nepi ka aya demo nu nepi ka ribut atawa nepi ka aya kerusuhan, sa-Endonesa bakal bakal huru-hara. Heuheu...
sikandar kumincir.blogspot.com 2011/1/8 oman abdurahman > Inget taun 98-an, mangsa ampir di tiap daerah aya "huru-hara" demo > anarkis, ti mimiti Maluku, NTT, Kalimantan (clash antara Dayak-Madura), > jst., nepi ka di Jawa oge (Jatim, Jateng), harita di Jabar alias Tatar Sunda > mah relatif aman. Malah, kang Acil (Bimbo) ku anjeun nepi ka ancrub ka > daerah-daerah ngajaga sangkan di Tatar Sunda mah ulah aya kajadian-kajadian > anarkis. Oge harita (setemenna nepi ka ayeuna oge) mindeng pisan ditepikeun > ku para pamimpin masyarakat model kang Acil yen kaamanan di Jabar teh eta > barometer. "Lamun Bandung geus bitu, bisa dipastikeun daerah sejenna oge > baris ngabeledug". Kitu kurang leuwih adagiumna harita. >
