Ari minggu kamari mah, jigana nu jaga Bandung keur harees meureun, nepi ka
urang Cipadung dikoroyok semah.

2011/1/8 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Nya bisa wae asakna dina bab emosi jadi hiji modal kakuatan. "Proofing"
> atawa pembuktianana aya? Aya sugan lamun dikorehan mah. Inget taun 98-an,
> mangsa ampir di tiap daerah aya "huru-hara" demo anarkis, ti mimiti Maluku,
> NTT, Kalimantan (clash antara Dayak-Madura), jst., nepi ka di Jawa oge
> (Jatim, Jateng), harita di Jabar alias Tatar Sunda mah relatif aman. Malah,
> kang Acil (Bimbo) ku anjeun nepi ka ancrub ka daerah-daerah ngajaga sangkan
> di Tatar Sunda mah ulah aya kajadian-kajadian anarkis. Oge harita (setemenna
> nepi ka ayeuna oge) mindeng pisan ditepikeun ku para pamimpin masyarakat
> model kang Acil yen kaamanan di Jabar teh eta barometer. "Lamun Bandung geus
> bitu, bisa dipastikeun daerah sejenna oge baris ngabeledug". Kitu kurang
> leuwih adagiumna harita.
>
> Cag heula,
> manar
>
> 2011/1/3 Danny Suryanata <[email protected]>
>
>
>>
>>
>> Justru Bagus, sanes kelemahan ieumah, ciri teu aya KKN di sunda, khas nu
>> ngabedakeun sunda tinu lianna, oge sikap leuleuy jeung sopan nu ku batur mah
>> jadi bahan dongdolek, saenyanamah modal...nu bisa jadi kakuatan nu
>> gede....ieumah wacana sugan aya nu langkung uninga....model angin we nu
>> ngahiliwir tiasa janten puting beliung, oge laut nu tenang tiasa jadi
>> tsunami....tah kumaha ieu kang engkus....
>> --- On *Wed, 12/29/10, engkus ruswana <[email protected]>* wrote:
>>
>>
>> From: engkus ruswana <[email protected]>
>>
>> Subject: Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US
>> To: [email protected]
>> Date: Wednesday, December 29, 2010, 3:10 AM
>>
>>
>>
>>
>>  Saleresna teu kedah ngadamel partey anyar, rebut bae partey nu aya....
>> tah dina tos nyepeng jabaran...di tingkat mana bae, naha di pusat, di
>> provisi atanapi tingkat kaupaten/kota...lakukeun KKN nu sifatba etnik, da
>> batur ge kitu, geura tingal dulur ti Batak...mun aya nu boga jabatan, pasti
>> ngorbitkeun dulurna nu sasuku....., hasilna ayeuna di Kemendagri, oge di DKI
>> meh mayoritas pejabat urang Batak,,,,kitu deui di pamarentahan tingkat
>> leuwih handap.
>>
>> Ngan tah di dieu kalemahan urang Sunda mun geus aya di luhur tara mawa
>> atawa promosikeun urang Sunda, pon kitu deui nu di handap, mun aya tokoh
>> urang Sunda berjuang keur naek kaluhur tara dirojong ku urang sunda
>> sorangan. Conto waktu Agum Gumelar calonkeun jadi Gubernur oge Cawapres...
>> pangrojongna minim pisan. Beda jeung seler sejen nu penting ngarojong heula
>> nu saseler.... Jadi salila prinsipna kieu, ulah waka ngalamun boga posisi
>> politik nu luhur.
>>
>> pun tabe
>> ER
>>
>>
>> --- Pada *Jum, 17/12/10, [email protected] <[email protected]>* menulis:
>>
>>
>> Dari: [email protected] <[email protected]>
>> Judul: Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US
>> Kepada: [email protected]
>> Tanggal: Jumat, 17 Desember, 2010, 8:29 PM
>>
>>
>>
>> Sapagodos kang MH, US the dina dunia pulitik sok gampil kasedekeun, teu
>> kitu ngan ukur dijadikeun hiasan wungkul. US kurang bisa bersaing dina dunia
>> pulitik, ditambah boga pasifatan epes meer, Teu kaopan. Antukna saeutik anu
>> bisa "bertahan". Kiwari salian ti Ginanjar Kartasasmita, asa can meundakan
>> deui figur politisi dina skala nasional. Malahan gubernur anu ayeuna mah
>> rada kurang nyunda. (Hehehe)
>>
>> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar
>> teyusss.....
>> ------------------------------
>> *From: * mh <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Fri, 17 Dec 2010 20:05:31 +0700
>> *To: *<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US
>>
>>
>>
>>
>>
>> 2010/12/17 JeBe <[email protected]>
>>
>>
>>
>> pakait sareng pernyataan abah: *no 1-5, teu aya dasar argumentasi nu kuat
>> *
>> sumuhun pisan eta mah, sadar pisan sim kuring ge. hapunten sim kuring teu
>> ngalakukeun survey atanapi penelitian nu ilmiah. eta mah sakadar pangalaman
>> kahirupan pribadi tur nu karasa dina kahirupan sim kuring.
>> hapunten bilih kirang merenah, sanes bade nyakompetdaunkeun. seueur nu sae
>> di US oge, mung pan saurna seueur nu gaduh patarosan: NAHA US teu boga
>> panggung di Indonesia. dalah DPRD di Jabar ge seueur non-US.
>>
>>
>>
>> Tenang Kang JB, hehehe, tuh Kang Manar nyerengeh deui.
>> Teu kedah hahapuntenan sagala, maksud uing mah najan teu make survey, cing
>> bere argumen.
>>
>> Patali jeung patarosan "NAHA US teu boga panggung di Indonesia. dalah DPRD
>> di Jabar ge seueur non-US." Uing boga jawaban sementara. Kaayaan US ayeuna
>> jiga nu "gering", boga kahayang tapi teu daek usaha ku cara nu ilahar jeung
>> batur. Geura toong,
>> urang boga kahayang aya US nu jadi presiden, tapi urang teu daek nyieun
>> partey pulitik keur ngudag kahayangna. Naon nu dilakukeun ku US, persis jiga
>> nu digambarkeun dina uga Siliwangi, nu netelakeun cenah engke baris pada
>> nyarambat deui. Nu hartina urang ukur ngadagoan panyambat batur. Nu ngaranna
>> disambat batur, tangtuna he ukur keur batur keueung, moal kungsi kajadian
>> nyambat bari nyanggakeun korsi mahkota.
>>
>> Tah mun hayang jadi presiden, geura nyarieun parpol atuh.
>>
>>
>>

Kirim email ke