Asana mah loba kosakecap basa Sunda nu pakait jeung istilah matematika, ngan
duka teuing kunaon ieu topik sepi. Hehehe. Naha ieu teh ciciren yen memang
urang leuwih dominan budaya lisan tinimbang budaya tulis kitu?

Mun usum pangeling-ngeling poe bahasa indung, sok rame pating koceak na
koran, nu ngabahas kumaha kaayaan basa indung kiwari. Tapi kadituna mah
biasa deui wae.

Cing baraya ketrukeun, istilah basa Sunda nu pakait jeung bilangan alias
angka.

Urang mimitian.

Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, tujuh, dalapan, salapan,
sapuluh,
Belasan: sa-belas, dua-belas, tilu-belas, ..., salapan-belas
Puluhan: sa-puluh, dua-puluh, tilu-puluh, ..., salapan-puluh
Ratusan: sa-ratus, dua-ratus, tilu-ratus, ... salapan-ratus

Istilah husus
sa-likur, dua-likur, tilu-likur, opat-likur, lima-likur (salawe), ...,
salapan-likur

Aya istilah husus lain teu nya?

2011/1/18 mh <[email protected]>

> Survey noongan istilah basa Sunda nu pakait jeung kedokteran, lumayan
> geuning cukup euyeub kosakecap nu pakait.
> Palebah survey basa Sunda nu pakait jeung ekonomi mah, rada minim geuning.
> Boa-boa aya pakaitna jeung watek
> urang Sunda, nu teu pati moncorong dina urusan kadunyaan nya? Jigana perlu
> ditoong leuwih teleb deui.
>
> Cing, ayeuna urang toong, kosakecap basa Sunda nu pakait jeung matematika,
> naon wae nya?
>
> Keur pamuka lawang, urang toong nu pakait jeung nombor.
>
> hiji,
> dua,
> tilu,
> opat,
> lima
> genep,
> tujuh,
> dalapan,
> salapan,
> sapuluh,
> ....
> jst
>
> Cing baraya, lengkepan daftarna
>
>

Kirim email ke