Hadirrr....,

Aya Mh. Baheula keur leutik, mindeng nguping istilah-istilah ieu:
- sadacin
- saketi
- salaksa

Naon tah maksudna, mangga ka anu terang diantos dadarana.

manar

2011/1/22 mh <[email protected]>

>
>
> Asana mah loba kosakecap basa Sunda nu pakait jeung istilah matematika,
> ngan duka teuing kunaon ieu topik sepi. Hehehe. Naha ieu teh ciciren yen
> memang urang leuwih dominan budaya lisan tinimbang budaya tulis kitu?
>
> Mun usum pangeling-ngeling poe bahasa indung, sok rame pating koceak na
> koran, nu ngabahas kumaha kaayaan basa indung kiwari. Tapi kadituna mah
> biasa deui wae.
>
> Cing baraya ketrukeun, istilah basa Sunda nu pakait jeung bilangan alias
> angka.
>
> Urang mimitian.
>
> Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, tujuh, dalapan,
> salapan, sapuluh,
> Belasan: sa-belas, dua-belas, tilu-belas, ..., salapan-belas
> Puluhan: sa-puluh, dua-puluh, tilu-puluh, ..., salapan-puluh
> Ratusan: sa-ratus, dua-ratus, tilu-ratus, ... salapan-ratus
>
> Istilah husus
> sa-likur, dua-likur, tilu-likur, opat-likur, lima-likur (salawe), ...,
> salapan-likur
>
> Aya istilah husus lain teu nya?
>
> 2011/1/18 mh <[email protected]>
>
>> Survey noongan istilah basa Sunda nu pakait jeung kedokteran, lumayan
>> geuning cukup euyeub kosakecap nu pakait.
>> Palebah survey basa Sunda nu pakait jeung ekonomi mah, rada minim geuning.
>> Boa-boa aya pakaitna jeung watek
>> urang Sunda, nu teu pati moncorong dina urusan kadunyaan nya? Jigana perlu
>> ditoong leuwih teleb deui.
>>
>> Cing, ayeuna urang toong, kosakecap basa Sunda nu pakait jeung matematika,
>> naon wae nya?
>>
>> Keur pamuka lawang, urang toong nu pakait jeung nombor.
>>
>> hiji,
>> dua,
>> tilu,
>> opat,
>> lima
>> genep,
>> tujuh,
>> dalapan,
>> salapan,
>> sapuluh,
>> ....
>> jst
>>
>> Cing baraya, lengkepan daftarna
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke