Nambihan deui.....
- Sapikul - Sasiku Baktoss. Sulkan, M MTI-Engineering. Dept, X-9394 From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of oman abdurahman Sent: Saturday, January 22, 2011 10:58 AM To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Bilangan ==> Re: Basa Sunda jeung Matematika? Hadirrr...., Aya Mh. Baheula keur leutik, mindeng nguping istilah-istilah ieu: - sadacin - saketi - salaksa Naon tah maksudna, mangga ka anu terang diantos dadarana. manar 2011/1/22 mh <[email protected]> Asana mah loba kosakecap basa Sunda nu pakait jeung istilah matematika, ngan duka teuing kunaon ieu topik sepi. Hehehe. Naha ieu teh ciciren yen memang urang leuwih dominan budaya lisan tinimbang budaya tulis kitu? Mun usum pangeling-ngeling poe bahasa indung, sok rame pating koceak na koran, nu ngabahas kumaha kaayaan basa indung kiwari. Tapi kadituna mah biasa deui wae. Cing baraya ketrukeun, istilah basa Sunda nu pakait jeung bilangan alias angka. Urang mimitian. Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, tujuh, dalapan, salapan, sapuluh, Belasan: sa-belas, dua-belas, tilu-belas, ..., salapan-belas Puluhan: sa-puluh, dua-puluh, tilu-puluh, ..., salapan-puluh Ratusan: sa-ratus, dua-ratus, tilu-ratus, ... salapan-ratus Istilah husus sa-likur, dua-likur, tilu-likur, opat-likur, lima-likur (salawe), ..., salapan-likur Aya istilah husus lain teu nya? 2011/1/18 mh <[email protected]> Survey noongan istilah basa Sunda nu pakait jeung kedokteran, lumayan geuning cukup euyeub kosakecap nu pakait. Palebah survey basa Sunda nu pakait jeung ekonomi mah, rada minim geuning. Boa-boa aya pakaitna jeung watek urang Sunda, nu teu pati moncorong dina urusan kadunyaan nya? Jigana perlu ditoong leuwih teleb deui. Cing, ayeuna urang toong, kosakecap basa Sunda nu pakait jeung matematika, naon wae nya? Keur pamuka lawang, urang toong nu pakait jeung nombor. hiji, dua, tilu, opat, lima genep, tujuh, dalapan, salapan, sapuluh, .... jst Cing baraya, lengkepan daftarna
